Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 33

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 33 Alkaunu.....

"Ari kaayaan alam ~ teugeusna sakabehnana ~ eta poek ~ Sareung pastina nyaangan kana eta kaon ~ eta dohirna Gusti Alloh ~ dina eta kaon ~ Maka sing saha jalma ~ anu ningali ~ kana eta kaon ~ bari heunteu ningali ka Gusti Alloh ~ dina eta kaon ~ atawa deukeuteun eta kaon ~ atawa dina samemehna eta kaon ~ atawa dina saba’dana eta kaon ~ Maka teumeun geus ngudarkeun ka eta jalma ~ wujudna cahaya ~ Sareung dihalangan ~ ti eta jalma ~ pirang-pirang panon-poe ma’ripat ~ kalawan mega kaendahan dun-ya (Teugeusna : bakal ditutupan ka eta jalma pirang-pirang ma’ripat, anu disarupakeun kana panon-poe kahalangan ku kaendahan alam anu disarupakeun kana mega)".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana hiji jalan tina ma’ripat, anu mudah-mudahan jalma tiasa seumangeut, tur tiasa ma’ripat ku ieu peunjeulasan. Nyaeta ari ma’ripat ka Gusti Alloh eta tiasa jadi tina manteungna hate ka Gusti Alloh anu midameul makhluk, kusabab ningali makhluk, teugeusna ku ayana nyahoeun yen sakabeh alam diayakeun ku Gusti Alloh, maka ayeuna alam eta jadi dalil kana ayana Gusti Alloh, neupikeun ka dimana-mana ningali Makhluk, maka langsung panon hatena ningali ka (Kholiq : anu ngaameulna), neupikeun ka heunteu aya anu kateumpuh ku panon, kajaba ningali anu ngadameulna. Sedeungkeun ari paningali panon eta tuluy-tuluyan, maka tuluy hatena manteung ka Gusti Alloh anu ngadameulna. Tah ieu kaayaan sa-olah-olah popoek anu disarupakeun kana mega, anu moekan kana cahaya panon-poe. Tah tiasa katingalina peurkara dadameulan Gusti Alloh ku dhohirna Gusti Alloh dina eta peurkara, da lamun heunteu aya Gusti Alloh mah moal aya dadameulannana. Maka ari dimana-mana urang ningali kana dadameulan Gusti Alloh sakaligus ningali kalawan panon hatena. Maka sing saha-saha jalma anu ningali kana pirang-pirang peurkara dadameulan Gusti Alloh, kari-kari heunteu manteung panon hatena ka Gusti Alloh dina eta peurkara, atawa deukeut kana eta peurkara, atawa dina samemehna eta peurkara, teugeusna ayana keur dikeursakeun ku Gusti Alloh dina samemehna keur dikeursakeun ku Gusti Alloh, maka heunteu aya hartosna wujudna dina eta peurkara, maka katutup ma’ripat anu disarupakeun kalawan panon-poe, kalawan kaendahan alam, dadameulan Gusti Alloh anu disarupakeun sareung mega.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar