Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 03 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 03 Jajaran 01
"Eta teuteup tina sapalihna ciri tatageunan ~ kana amal ~ ari ngurangannana tina pangareup-ngareup kana rohmatna Gusti Alloh ~ dina nalika ayana kasalahan".

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade neurangkeun jalmi Jahilin Al-Ghofilin. Ari jalma Jahilin Al-Ghofilin eta sok tatageunan ka salian ti Gusti Alloh, naha tatageunan kana kapangkatan atawa harta sareung turunan, tah eta bodo anu pang bangeutna. Sareung anu enteng kana elmu, atawa kana Ahwal. Tah eta tatageunan anu bieu eta sipatna jalmi anu bodo tur dicacad, da sakeudahna mah tatageunan teh keudah wungkul ka Gusti Alloh, sahingga ngaraos heuteu aya daya upaya lintang ti ku ayana peurtulungan Gusti Alloh. Tah dina ieu hikmah Mushonnif meurtelakeun kana cirina jalmi anu tatageunan kana amalna, nyaeta dina nalika tiba maksiat sok ngurangan Rojana ka Gusti Alloh. Seudeungkeun ari pirang-pirang jalmi ahli ma’ripat Al-Muwahhidun, eta pada ngaraos dirina cakeut ka Gusti Alloh, tur ningal kalawan soca atina, yen dirina nuju dikeursakeun ku Gusti Alloh, dugi ka ngaraos heunteu aya daya upaya lintang ti atas nami katangtosan Gusti Alloh. Maka dimana-mana anjeuna ghoflah atawa maksiat, maka sakaligus anjeuna ningal kana pangeursana Gusti Alloh, sareung katangtosan anu keuna kana dirina, sapeurtos ngalakonan toat, maka heuteu tiasa ngalakonan kajaba atas nami pangeusana Gusti Alloh, maka heunteu ningal kana kakuatan anu aya dina dirina, sareung kajadian anu dilakonannana, maka eta nafsuna Tuma’ninah aya di handap jalan qudrotna Gusti Alloh, sareung hatena eta tarareunang ku cahayana ma’rifat. Maka heunte aya benteuna dina tingkah toat sareung ma’siat, margi parantos titeuleum dina lautan tauhid, neupikeun ka Khouf sareung Roja. maka heuteu tiasa ngurangan sareung nambihan ku sabab toat sareung ma’siat. Anapon ari sanes ahli ma’ripat mah, eta dirina ngaraos tiasa amal, teuras tatageunan kana amalna, sareung ngaraos teunang ku amalna, maka dina nalika heunteu amal atawa ma’siat, hatena jadi ngurangan, sareung cumantel kana sabab, maka ku ayana cumantel kana sabab, maka bakal nutup lawang anu ngajugjug ka Gusti Alloh. Maka sing saha jalmi kasumpingan ieu sipat, eta keudah enggal-enggal ngarobih, nyaeta keudah tatageunan ka Gusti Alloh supaya teurbuka.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar