Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 01

"Arek kumaha bisa moncorong ~ hate ~ seudeungkeun ari gambaran kaayaan dun-ya ~ eta anu napeul ~ dina eunteungna hate ~ Atawa rek kumaha bisana beurangkat ~ ka Gusti Alloh ~ bari ieu jalma ~ eta anu dibarogod kalawan syahwatna ~ Atawa rek kumaha bisana ngareup-ngareup ~ kana yen asup ieu si jalma ~ ka hadroh Gusti Alloh (tegesna Musyahadah ka Gusti Alloh) ~ bari ari eta jalma ~ heunteu beursih ~ tina junub ghoflah-na (teugeusna tina poho anu disarupakeun sareung junub) ~ Atawa kumaha rek ngareup-ngareup ~ kana yen ngarti ~ kana leuleumeusan rahasiah ~ bari eta jalma ~ heunteu beubeureusih ~ tina pirang-pirang dosana anu heunteu dihaja".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana pirang-pirang sipat peurlawanan anu moal tiasa pakumpulan salilana, teugeusna moncorongna hate sareung iman eta moal tiasa pakumpulan sareung popoek anu aya di jeuro hate, ku napeulna sareung nyantelna kaendahan dunya dina hate, Nyakitu deui moal tiasa pakumpul beurangkat ngajugjug ma’ripat ka Gusti Alloh kalawan neumpuh pirang-pirang tincakan, bari ka-ayaan diri anu dibaregod kalawan syahwat, teugeusna jalma anu keur dibaregod moal tiasa leumpang. Sareung nyakitu deui hayang anclub ma’ripat ka Gusti Alloh, anu kudu beursih hate eta moal tiasa pakumpul sareung dina Ghoflah-na anu disarupakeun sareung junub, maka sakumaha jalma anu junub dihalangan asup ka masjid, sareung nyakitu deui lamun hayang elmu Laduni. Sakumaha dawuhan Gusti Alloh:

"Anjeun kudu taqwa ka Gusti Alloh, maka Gusti Alloh bakal maparin elmu".
(Surat 2 Al-Baqarah: 282)

Jadi opat sipat anu biasa lamun aya dina hate salasahijina, maka bakal euweuh lalawannana. Sareung pikeun jalma anu hayang kasipatan ku sipat teurpuji, nyaeta kudu nganyahokeun lalawanannana, nyaeta anu cacad.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar