Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 15 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 15 Jajaran 01

"Heunteu aya manfaatna ~ kana hate ~ peurkara ~ anu sapeurtikeun uzlah ~ anu bisa asup jalma ~ ku sabab uzlah ~ kana lapangan tafakkur".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana wajibna ngubaran pirang-pirang panyakit hate, anu matak ngilangkeun sareung ngotoran ka jalma anu nuju nyukcruk titel anu mulya. Tah ieu tiasa diubaran ku sababaraha rupa, tapi moal aya anu leuwih manfaat pikeun ngubaran panyakit tinimbang uzlah, maka ieu uzlah kacida gede manfaatna, neupikeun ka tiasa ngadatangkeun kana lapangan tafakkur, anu ngajadikeun tambah-tambah kana ngagungkeun ka Gusti Alloh, kusabab ningali kana kakawasaannana, sahingga neurangkeun dina hadits:

"Ari tafakkur sawaktu eta langkung sae tinimbang ibadah 70 taun".

Sabab ieu tafakkur tiasa nganeupikeun kana ma’rifat, nganyahokeun hakekatna pirang-pirang peurkara, sareung kana ngagungkeun ka Gusti Alloh, sareung ngagungkeun ka sakur-sakur anu dipikarido ku Gusti Alloh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar