Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 13

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 13 Subhana.....

Maha beursih ~ Dzat Gusti Alloh anu nutupan ieu dzat ~ kana rahasiah anu khusus ~ kalawan ngadhohirkeun sipat kamanusaan ~ Sareung ngadhohirkeun Gusti Alloh ~ kana ka-agungan sipat kapangeranan ~ dina nalika ka-ayaan eta Abdina ngadhohirkeun ~ kana sipat ka-Abdian.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana sawarehna tina weulas-asihna Gusti Alloh, nyaeta sok nutupannana Gusti Alloh kana kaistimewaan anu dipasihkeun ka pirang-pirang walina, nyaeta sok nutupannana Gusti Alloh kana cahaya anu dipanceurkeun ku Gusti Alloh dina pirang-pirang hatena kakasih Gusti Alloh anu tukang ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh, nyaeta dina saba’da ngabeursihkeunnana hate tina kokotor sareung tina dosa, sahingga teuleum dina lautan Musyahadah ka anu dipikacintana, sahingga heunteu ningali kana daya-upaya dirina. Sareung nyakitu deui ditibakeun dina hatena peurkara anu di liputan ku eta cahaya, nyaeta pirang-pirang sipat ka-istimewaan anu luhur, sareung pirang-pirang kapangeranan anu marahal, nyaeta sipat kaagungan sareung kakuatan sareung kamulyaan sareung kakawasaan anu sampurna sareung elmu anu ngaliputan. Tah ieu sipat ku Gusti Alloh ditutupan nyaeta ku ngadhohirkeun sipat-sipat kaAbdian, nyaeta ku sipat pakirna sareung sipat leumahna. Sareung heunteu aya kakawasaannana, sareung ku pirang-pirang sipat anu sok lazim ka manusa, sapeurti sok tuang, sok leu-eut, sok kuleum, sok nikah. Pangna ieu kaistimewaan eta ku Gusti Alloh sok ditutupan, sabab geude bahayana, sabab ieu kaistimewaan eta disarupakeun kana peurmata anu mahal, sareung peupeundeuman barang antik, maka sakuduna eta kudu disumputkeun heunteu meunang ditemrak-teumrakkeun, sahingga didawuhkeun ku Ibnu Abbas Al-Marisi :
Yen saeunyana lamun dibukakeun cahaya wali, tinangtu aribadah jalma-jalma ka eta wali.

Maka ku nutupannana ieu kaasup kana kahadean Gusti Alloh teurhadap wali, tapi ieu kaistimewaan sok teurkadang didhohirkeun ku Gusti Alloh ka pirang-pirang walina, sahingga ngadatangkeun eta wali kana AMUN KHOWARIQUN LIL'ADAT, anu jadi karomah, tapi tara langgeung teurus ku Gusti Alloh dicabut deui deui, sahingga eta wali biasa deui teurtutup.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar