Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 01 Innama.....

Pastina ngarasa riweuh, saha ~ pirang-pirang abdi jalma ahli ibadah sareung ahli zuhud ~ tina saban-saban peukara ~ kusabab ghoibna atawa heunteu ningalina si abdi ~ ti Gusti Alloh ~ dina saban-saban peurkara ~ maka lamun nyaksi ieu ahli ibadah sareung ahli tapa ka dzat Gusti Alloh ~ dina saban-saban peurkara ~ maka moal ngarasa riweuh ieu ahli ibadah sareung ahli tapa ~ tina saban-saban peurkara.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana sawarehna ciri jalma aqil anu ahli ma’ripat, nyaeta ari jalma ahli ma’ripat kuayana sampurna paningalina sareung molongpong panon hatena, maka dina ningali makhluk eta meuleutas panon hatena kana anu ngadameulna, sahingga kahalangan tina ningali Makluq ku Kholiqna, maka kuayana para ahli ma’ripat dina ningali makhluk meuleutas ka anu ngadameulna, maka sakabeh peurkara anu katingali ku ahli ma’ripat eta heunteu ngajadikeun riweuh kana hatena. Seudeungkeun ari golongan ahli ibadah sareung ahli tapa ti golongan SAIRIN anu can neupi kana ma’ripat eta sok ngarasa riweuh hatena ku ayana ningali makhluk, sahingga aranjeuna ngajauhan ti makhluk, teugeusna jalma ahli ibadah anu geus reuseup ngarahkeun tanaga dipake ibadah ka Gusti Alloh, peutingna harudang sholat, beurangna pararuasa (puasa) katungkul ku ngeunahna beur-ibadah tapi poho tina ngeunahna manteungna hate ka anu diibadahan, sahingga kahalangan ku ibadahna ti pangerannana. Nyakitu deui ahli tapa, nyaeta jalma anu geus teu reuseup tina nyantelkeun hate ka makhluk, sahingga pada mabur tina dun-ya sareung ngarasa ngeunahna tapa, sahingga tarareunang dina tapana, tah eta oge kahalangan ti Gusti Alloh, teugeusna can manteungkeun hate, sahingga sakabeh peurkara anu katingali ngajadikeun riweuh. Tah eta ngarasa riweuhna UBAD sareung ZUHAD, sabab heunteu ningali ka Gusti Alloh dina eta peurkara, tegeusna dina nalika ningali makhluk eta heunteu meuleutas ka Gusti Alloh panon hatena, maka makhluk sok ngajadikeun riweuh. Seudeungkeun ari ahli ma’ripat ku-ayana meuleutas panon hatena ka anu ngadameulna, maka sakabeh peurkara eta heunteu ngajadikeun pakewuh, tuluy ma’ripat ka Gusti Alloh dina sakabeh peurkara sareung ngarasa reugreug ku sakabeh peurkara sareung beur-adab sarta sakabeh peurkara sareung sok ngagungkeun kana sakabeh peurkara.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar