Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 07 Jajaran 20

Juz' 1 Hal 07 Jajaran 20 La.....

"Ulah bukti ~ ku diakhirkeun ~ mangsana mere ~ sarta keukeuh/tuluy-tuluyan ~ dina ngadu’a ~ eta mastikeun, teugeusna ulah ngajurung ~ kana putus-asana anjeun ~ sabab ari Gusti Alloh ~ eta anu nanggung ~ ka anjeun ~ kana nga-ijabahna ~ dina peurkara ~ anu milih Gusti Alloh kana itu peurkara ~ pikeun anjeun ~ lain dina peurkara anu milih anjeun ~ pikeun diri anjeun ~ sareung dina waktu anu ditangtoskeun Gusti Alloh ~ lain dina waktu anu dipikahayang ku anjeun".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun yen saeunya Abdina Gusti Alloh, ulah boga pipilih nyanyahoanan pangeran, sareung ulah mastikeun kana maslahatna hiji tingkah tina pirang-pirang tingkah, lantaran manusa heunteu aya kanyaho, kadang-kadang heunteu reuseup kana hiji peurkara padahal eta peurkara alus, sareung teurkadang cinta kana hiji peurkara padahal eta goreng dina hakekatna. Maka sakuduna Abdina Gusti Alloh kudu masrahkeun diri ka pangeran, sareung kudu nekadkeun yen saeunyana kahadean eta teuteup dina sakabeh pilihan Gusti Alloh, sanajan lain anu dipikahayang. Maka dimana-mana ngadu’a ka Gusti Alloh, teurus Gusti Alloh masihan, maka pamasihan eta anu jadi maslahatna. Sareung dimana-mana ngadu’a kari-kari Gusti Alloh ngakhirkeun kana ijabahna, maka ku diakhirkeunnana ulah putus asa ka anjeun, neupikeun ka ngarobah sikeup, sareung mutuskeun panghareupan, tapi ku ayana diakhirkeun anjeun kudu teunang bari pinuh kalawan sae sangka ka Gusti Alloh, yen saeunyana Gusti Alloh bakal ngaijabah. Lantaran Gusti Alloh jangji kana rek ngaijabah kana du’ana jalma, tapi ngaijabahna nurutkeun pilihannana, sareung dina waktu anu ditangtukeun ku Gusti Alloh. Maka ayana ngadu’a kudu seuja ibadah ka Gusti Alloh karna ngalakonan parentahannana bari ngareup-ngareup kana ijabah. Sing kade ulah putus asa.

Maka peuyogi dikanyahokeun yen saeunyana ijabah eta aya tilu tingkatan, nyaeta:
  • Anu dipake ngabeursihkeun dosa. 
  • Anu dipasihkeun di akherat. 
  • Anu dipasihkeun di dunya keneh. 
Tah anu dipasihkeun di alam dunya eta aya sababaraha tingkatan, nyaeta:
  • Mente eta, tuluy dibere eta. 
  • Mente eta, dibere lain eta. 
  • Hayang ayeuna dibere ayeuna. 
  • Hayang ayeuna dibere eungke. 
Tah eta sadayana aya hikmahna, oge pikeun supaya tambah-tambah kamaslahatan. Maka dina nalika ngadu’a tuluy diakhirkeun ijabahna, maka anjeun ulah putus asa.

1 komentar: