Cari Blog Ini

Bubuka

Bubuka

Maka ari ieu eta kitab bahasa sunda anu mangrupikeun peunjeulasan kitab Hikam anu dikarang ku Imam (Al-Muhaqqiq Al-‘Arif billah Abil-Fadlli Ahmad bin Muhammad bin Abdul-Karim Atho-illah As-sakandiri). Tah dina ieu kitab Mushonnif bade ngamukakeun atanapi bade nyodorkeun kana pirang-pirang hikmah, teugeusna susunan bahasa anu beurguna, anu meurtelakeun kana pirang-pirang adab-adaban sareung akhlak anu teurpuji, anu ngajadikeun kasalameutan di dunya sareung di akhirat, tur jadi jalan kana kengengngna kamulyaan pangkat anu luhur di dunya sareung di akherat. Maka sing saha jalma anu padameulannana sareung cariosannana anu akur sareung eusina ieu kitab. Maka eta jalma diseubut Hukama.

"Anu akur antara cariosannana sareung padamelannana, tingkahna mawa seumangeut tur ngajugjug kana nyakeutkeun diri ka Gusti Alloh, atawa kana taqwa ka Gusti Alloh".

Maka sateuacana prak, peuryogi uninga heula yen patokannana sareung Mabdena ieu kitab:
  • Ari patokannana elmu tashowwuf, nyaeta hiji elmu anu nga-uningakeun kana pirang-pirang tingkahna nafsu sareung sipatannana anu teurpuji sareung anu dicacad. 
  • Ari sasarannana elmu tashowwuf, nyaeta nafsu tina jihat sok kasumpingan pirang-pirang sipat sareung tingkah anu dipuji sareung anu dicacad. 
  • Ari buahna elmu tashowwuf, nyaeta tiasa dugi kana ngabeursihkeun hate tina kokotor sareung pangaco, tur tiasa mapaesan hate kalawan musyahadah ka dzat Gusti Alloh. 
  • Ari hukumna ngaos elmu tashowwuf, nyaeta fardlu ‘ain ka saban-saban jalma anu mukallaf, sakumaha elmu fiqih eta diwajibkeun pikeun nyalameutkeun dhohir, nyakitu deui diwajibkeun ngaos elmu tashowwuf pikeun nyalameutkeun batin, margi moal aya hiji jalmi anu kosong tina aib sareung awonna hate (Ari sanes pirang-pirang nabi mah). 
  • Ari panyandakannana elmu Tashowwuf, nyaeta tina alQur’an sareung Sunah Rosululloh, sareung tina pirang-pirang ilhamna jalmi-jalmi anu sholeh sareung teurbukana ahli ma’rifat. 
  • Ari namina, nyaeta anu diseubat Elmu Tashowwuf. 
  • Ari anu ngayakeun elmu tashowwuf, nyaeta kangjeung Nabi Saw, kalawan peurjalanan wahyu sareung ilham, salajeungna dibukukeun sareung dijeulaskeun ku pirang-pirang ahli ma’rifat. 
  • Ari kautamaannana elmu tashowwuf, nyaeta tiasa ngungkulan kana saban-saban elmu, sabab ningal kana kapeuntingannana, 
  • Ari hubungannana elmu tashowwuf teurhadap batin, nyaeta sapeurtos hubungannana elmu fiqih teurhadap dhohir 
Ngadawuhkeun Imam Abi Hasan asySyadzili, "Sing saha jalma anu heunteu anclub kana elmu tashowwuf, maka bakal maot bari nyicingan dina dosa geude, bari dirina heunteu apaleun".

Juz' 1 Hal 23 Jajaran 36

Juz' 1 Hal 23 Jajaran 36 La.....

Ulah ngadago-dago anjeun ~ kana kosongna peurkara salian Gusti Alloh (teugeusna ku kasibukan dunya anu nyapekeun kana hate) ~ sabab saeunyana ayana eta (ngadago-dago) ~ eta bakal meugatkeun ieu ngadago-dago ka anjeun ~ tina wujudna eling manteung hate ~ ka Gusti Alloh ~ dina waktu sareung teumpat ~ anu parantos diteuteupkeun ku Gusti Alloh ka anjeun ~ dina eta waktu sareung teumpat.

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana kateurangan anu jadi kasimpulan tina hikmah anu bieu, teugeusna tadi parantos diteurangkeun yen saeunyana Abdina Gusti Alloh kudu meumperhatikeun kana napas, sahingga eta napas dieusian kalawan pirang-pirang amal anu sholeh, maka sing kade anjeun ulah ngadago kana kosongna kariweuh. Jadi lamun rek amal sholeh sareung eling ka Gusti Alloh eta ulah rek ngadago kana beakna kariweuh, sabab ngadagona bakal meakeun ka anjeun tina muroqobah. Maka dimana-mana Gusti Alloh parantos neuteupkeun ka hiji Abdi dina hiji sabab tina pirang-pirang sabab, maka kawajiban Abdi eta kudu ngalaksanakeun kana kakuduannana sareung ngalanggeungkeun kana adab-adaban, ulah ngadago waktu anu longsong, eta bakal ngahalangan ka anjeun kana kakuduan waktu, maka eta nyulayaan anu diparentahkeun ku Gusti Alloh.

Juz' 1 Hal 07 Jajaran 20

Juz' 1 Hal 07 Jajaran 20 La.....

"Ulah bukti ~ ku diakhirkeun ~ mangsana mere ~ sarta keukeuh/tuluy-tuluyan ~ dina ngadu’a ~ eta mastikeun, teugeusna ulah ngajurung ~ kana putus-asana anjeun ~ sabab ari Gusti Alloh ~ eta anu nanggung ~ ka anjeun ~ kana nga-ijabahna ~ dina peurkara ~ anu milih Gusti Alloh kana itu peurkara ~ pikeun anjeun ~ lain dina peurkara anu milih anjeun ~ pikeun diri anjeun ~ sareung dina waktu anu ditangtoskeun Gusti Alloh ~ lain dina waktu anu dipikahayang ku anjeun".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun yen saeunya Abdina Gusti Alloh, ulah boga pipilih nyanyahoanan pangeran, sareung ulah mastikeun kana maslahatna hiji tingkah tina pirang-pirang tingkah, lantaran manusa heunteu aya kanyaho, kadang-kadang heunteu reuseup kana hiji peurkara padahal eta peurkara alus, sareung teurkadang cinta kana hiji peurkara padahal eta goreng dina hakekatna. Maka sakuduna Abdina Gusti Alloh kudu masrahkeun diri ka pangeran, sareung kudu nekadkeun yen saeunyana kahadean eta teuteup dina sakabeh pilihan Gusti Alloh, sanajan lain anu dipikahayang. Maka dimana-mana ngadu’a ka Gusti Alloh, teurus Gusti Alloh masihan, maka pamasihan eta anu jadi maslahatna. Sareung dimana-mana ngadu’a kari-kari Gusti Alloh ngakhirkeun kana ijabahna, maka ku diakhirkeunnana ulah putus asa ka anjeun, neupikeun ka ngarobah sikeup, sareung mutuskeun panghareupan, tapi ku ayana diakhirkeun anjeun kudu teunang bari pinuh kalawan sae sangka ka Gusti Alloh, yen saeunyana Gusti Alloh bakal ngaijabah. Lantaran Gusti Alloh jangji kana rek ngaijabah kana du’ana jalma, tapi ngaijabahna nurutkeun pilihannana, sareung dina waktu anu ditangtukeun ku Gusti Alloh. Maka ayana ngadu’a kudu seuja ibadah ka Gusti Alloh karna ngalakonan parentahannana bari ngareup-ngareup kana ijabah. Sing kade ulah putus asa.

Maka peuyogi dikanyahokeun yen saeunyana ijabah eta aya tilu tingkatan, nyaeta:
  • Anu dipake ngabeursihkeun dosa. 
  • Anu dipasihkeun di akherat. 
  • Anu dipasihkeun di dunya keneh. 
Tah anu dipasihkeun di alam dunya eta aya sababaraha tingkatan, nyaeta:
  • Mente eta, tuluy dibere eta. 
  • Mente eta, dibere lain eta. 
  • Hayang ayeuna dibere ayeuna. 
  • Hayang ayeuna dibere eungke. 
Tah eta sadayana aya hikmahna, oge pikeun supaya tambah-tambah kamaslahatan. Maka dina nalika ngadu’a tuluy diakhirkeun ijabahna, maka anjeun ulah putus asa.

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 37

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 37 Idfin.....

"Kudu ngubur (nyumputkeun) ~ kana ka-ayaan anjeun, teugeusna kana kamasyuran anjeun ~ dina taneuh suwung (teumpat susuwung anu disarupakeun sareung taneuh) ~ Sabab ari peurkara anu jadi ~ tina peurkara (sisikian anu heunteu dipeulak tea) ~ anu heunteu dikubur ~ eta moal sampurna ~ panghasilannana eta peurkara".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana tingkah anu panghandapna pikeun ngahasilkeun ikhlas, nyaeta kudu nyumputkeun kana kamasyhuran, teugeusna dimana-mana anjeun dipaparin kautamaan ku Gusti Alloh, maka kudu disumputkeun, sabab ku disumputkeunnana bakal ngahasilkeun kana tambah-tambahna, sareung buahna anu sampurna, sareung jauh tina hayang dipuji anu ngajadikeun Awon sangka, sareung jauh tina riya. Maka bakal deukeut kana ikhlas sareung depe-depe. Tah ieu disarupakeun sareung meulakna sisikian, maka ku dikuburna bakal sampurna akarna anu nimbulkeun kana sampurna tangkalna. Seudeungkeun lamun peupeulakan heunteu dikubur, maka jadina moal sampurna, tur deukeut kana bahayana samalah samemeh jadi oge teurkadang aya anu macok atawa garing kapoe. Maka nyakitu deui jalma anu reuseup nonjolkeun kana ka utamaan sorangan, diteumrak-teumrak hayang kanyahoan ku batur, maka moal beurtambah-tambah sareung moal sampurna, kadang-kadang leungit kautamaannana, sabab sok diseubut larangan saena ibadah. Dawuhan Gusti Alloh dina alqur’an:

"Naha heunteu meurhatikeun anjeun, kumaha Gusti Alloh ngadameul kana hiji conto kalimat anu hade, sapeurti hiji tangkal anu hade, anu akarna kuat sareung dahanna ngayab ka langit, tur anu ngadatangkeun kana hasilna dina saban-saban musim/waktu".
(Surat 14 Ibrahim: 24 - 25).

Nyaeta pikeun conto jalma anu beurtauhid, anu nanceub dina jeuro hatena, sahingga nimbulkeun kana pirang-pirang amal anu tiasa ngahasilkeun kana pirang-pirang ganjaran, lir ibarat hiji tatangkalan anu akarna ngayab, sahingga tangkalna subur, daunna hejo ngemplok tur buahna leubeut, sahingga tiasa di alap manpaatna dina saban-saban waktu. Tah eta akibat meulakkeun sisikian di jeuro taneuh, sahingga akarna ngayab dina jeuro taneuh, tuluy nimbulkeun tangkal anu subur, buahna leubeut. Maka pikeun anu nyukcruk hayang pangkat anu mulya, maka kudu nyumputkeun kamulyaan tuluy dipupuk kalawan Ikhlas sareung Khusu’, loba munajat ka Gusti Alloh, maka lila-lila nimbulkeun kana tambah-tambahna sareung buahna anu sampurna.

Juz' 1 Hal 93 Jajaran 23

Juz' 1 Hal 93 Jajaran 23 La.....

Heunte aya panungtungan ~ pikeun kacacadan anjeun ~ karna ngabalikkeun Gusti Alloh kana kagorengan anjeun ~ ka anjeun ~ sareung moal beak-beak, naon ~ pirang-pirang pangaleum anjeun ~ karna parantos ngadhohirkeun Gusti Alloh ~ kana kalomanannana Gusti Alloh ~ ka anjeun.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana dimana-mana Gusti Alloh bade ngahinakeun ka hiji Abdi, maka sok ngabalikkeun Gusti Alloh ka eta Abdi kana nafsuna sareung hawa nafsuna, teugeusna Gusti Alloh nyelehkeun sareung masrahkeun kumaha maneh, jadi di hegwaekeun sakumaha kahayangna, maka Gusti Alloh heunteu milu ngurus sareung heunteu ngadukung. Maka dimana-mana hawa nafsuna geus ngalindih, maka jadi lolong sareung torek, sahingga beuramal kana anu ngajadikeun ragrag dirina, sahingga akhirna pada cacad sareung pada cacadna heunteu aya tungtungna. Maka sabalikna dimana-mana Gusti Alloh bade ngagungkeun ka hiji Abdina sareung nulungan, maka Gusti Alloh ngadhohirkeun ka eta Abdi kana kalomanannana sareung kamurahannana tuluy Gusti Alloh ngurus sareung ngaraksa sareung heunteu nganteup, sahingga eta Abdi bisa ngeundalikeun kana nafsuna, tuluy beuramal kalawan amal anu sholeh tur anu sampurna anu mapaesan kana dirina, sahingga jalma-jalma pada ngaleum tur pangaleum anu heunteu aya tungtungna. Maka dimana-mana urang dikeursakeun bisa ngamal ku Gusti Alloh, teugeusna bisa migawe kahadean dina raraga toat sareung taqwa ka Gusti Alloh, maka urang kudu syukur tur nganyatakeun bahwa ieu amal anu hade eta mangrupakeun hadiah ti Gusti Alloh anu ngajadikeun panghurmatan pikeun Abdina.

Juz' 1 Hal 93 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 93 Jajaran 01 Idza.....

Dimana-mana kareup Gusti Alloh ~ kana ngadhohirkeun ~ kurniana Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ maka ngadameul Gusti Alloh kana eta kurnia ~ tuluy ngabangsakeun (di-akukeun) ~ ka anjeun.

Hikmah
Saba’da Mushonnif ngamukakeun kana kaadilan Gusti Alloh, maka dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana FADLOLna Gusti Alloh, teugeusna dimana-mana Gusti Alloh bade ngadhohirkeun kana FADLOLna sinareung kasaeannana tur rek ngabubungah ka Abdina, maka Gusti Alloh eta sok midameul pagawean di Abdina tuluy diakukeun ka eta Abdi. Sahingga dawuhan Gusti Alloh:

Pek anjeun arasup ka surga kalawan amal-amal anu geus dipigawe ku anjeun kabeh.
(Surat 16 An-Nahl : 32)

Tah dina ieu bahasa Gusti Alloh ngabubungah ka jalma ahli surga kalawan ngakukeun pagawean amal sholeh ka ahli surga. Padahal eta padameulannana ahli surga dikeursakeun ku Gusti Alloh.

Peurlu dikanyahokeun yen saeunyana Gusti Alloh eta parantos ngayakeun ka pirang-pirang makhlukna kana 3 golongan, nyaeta: 

1. Golongan anu dicawiskeun ku Gusti Alloh pikeun meunang siksaan, maka ngadhohirkeun Gusti Alloh, teugeusna masihan uninga ka jalma kana jeuneungan Gusti Alloh alMuntaqim (dzat anu nyiksa), sareung jeuneungan alQohhar, sareung ngadatangkeun Gusti Alloh ka eta golongan kana rupa-rupa pama’siyatan kalawan kalawan hikmah Gusti Alloh tuluy ieu pama’siyatan di-akukeun ka eta golongan kalawan kaadilannana sareung Qohharna Gusti Alloh, tuluy Gusti Alloh nangtukeun hujjah sareung ngadhohirkeun kana hikmah kalawan dawuhannana:

"Sareung ari pangeran anjeun eta lain anu dolim ka Abdina, sareung Kawula anu agung eta heunteu dolim ka pirang-pirang Abdina, tapi bukti ieu Abdi pada dolim ka diri-dirina".

2. Sareng sagolongan deui aya siksaan Abdi anu dicawiskeun ku Gusti Alloh pikeun meunang HILMIna Gusti Alloh, supaya dhohir jeuneungan Gusti Alloh alHalim sareung jeuneungan arRohim, tuluy Gusti Alloh ngadatangkeun kana rupa-rupa pama’siyatan sareung papaesan kalawan kaimanan, satuluyna ku ayana ma’siyat, maka nga-haq kana siksaan, saba’da peuneuntuan bakal disiksa tuluy Gusti Alloh HILIM ka eta jalma, teugeusna heunteu buru-buru nyiksa tuluy ngahampura tuluy Gusti Alloh ngasupkeun ka surga.

3. Ari golongan bagian ka tilu, nyaeta golongan Abdi anu dicawiskeun ku Gusti Alloh pikeun narima kana sipat berehannana Gusti Alloh supaya dhohir pada uninga kana jeuneungan Gusti Alloh alKarim sareung jeuneungannana arRohman & arRohim nyaeta Gusti Alloh ngeursakeun toat sareung ihsan di eta Abdi, tuluy mapaesan Gusti Alloh kalawan iman sareung islam, samalah teurkadang dijadikeun ku Gusti Alloh anu tukang ma’ripat ka Gusti Alloh. Tah dimana-mana Gusti Alloh rek ngeursakeun pangbubungah ka Abdina, maka Gusti Alloh nyawiskeun kana pirang-pirang warnana toat, tuluy ngadameul Gusti Alloh kana kakuatan kana migawe kahadeannana tur diakukeun ka eta Abdi, sahingga ngadawuh: He ! Abdi kawula anjeun geus migawe kahadean, maka Kawula rek ngabaleus ka aranjeun, jung asup anjeun ka surga kalawan rohmat Kawula.

Sateurusna peurlu dikanyahokeun yen sa-eunyana anjeun eta kudu adab dipayuneun Gusti Alloh, teugeusna sing kade ulah ngakukeun kana sipat kakurangan sareung pama’siyatan ka Gusti Alloh, teugeusna ulah nyeubut yen Gusti Alloh geus ngeursakeun Maksiat kana diri, maka pastina anu ngalacutkeun ka anjeun eta diri anjeun sareung syaiton anu dikutuk, maka Gusti Alloh ngadawuh:

Ulah ngajadikeun peurtipuan kahirupan Dunya ka aranjeun kabeh, sareung ulah ngajadikeun peurtipuan Syaiton ka aranjeun kabeh ka Gusti Alloh.
(Surat 31 Luqman : 33)

Sareung anapon ari naon-naon pagawean anu aralus tur sampurna, maka eta kudu diakukeun ka Gusti Alloh, sareung kasopanan urang dina syari’at, teugeusna ucapan lisan sing kade ulah nudingkeun kana pagawean goreng ti Gusti Alloh, teugeusna pagawean goreng eta kudu bijil tina nafsu, seudeungkeun ari anu alus eta pamasih ti Gusti Alloh sakumaha dawuhannana:

Naon wae nikmat anu tumiba ka anjeun tina kasaean maka eta datangna ti Gusti Alloh, sareung naon wae beuncana anu tumiba ka anjeun tina kagorengan maka eta datangna ti diri anjeun.
(Surat 4 An-Nisaa : 79).

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 36

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 36 La.....

Ulah nagih anjeun ~ kana bayaran ~ kana pagawean ~anu lain anjeun (dina hakekatna eta pagawean) ~ kana eta pagawean ~ halna anu migawe ~ maka cukup pikeun anjeun ~ tina babaleusna ~ pikeun anjeun ~ kana pagawean, naon ~ yen bukti Gusti Alloh ~ kana eta pagawean ~ eta anu narima.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif masih keneh meurtelakeun kana yen urang kudu mikir kalawan mikir anu sabeuneurna, teugeusna urang ulah wani-wani nagih ka Gusti Alloh kana buruhannana amal, nyaeta urang kudu era rek nagih buruhan ka Gusti Alloh, seudeungkeun anu ngeursakeun bisa amal oge eta Gusti Alloh, teugeusna urang dikeursakeun ku Gusti Alloh bisa amalna tur dipaparinan taufiq sareung hidayah-na, sahingga urang bisa amal. Maka kacida heunteu panteusna rek menta buruhan, maka cukup pikeun babaleusna ti Gusti Alloh ku ayana ditarima oge. Nurutkeun AHLUL HAQQ, yen saeunyana Abdina Gusti Alloh eta pagaweannana atas paksaan Gusti Alloh anu geus ditangtukeun ku irodatna, sareung dikeursakeun kalawan qudrotna, sakabeh pagawean Abdi eta Gusti Alloh anu ngeursakeunnana, sakumaha anu didawuhkeun dina alQur’an:

Sareung pangeran anjeun anu nyiptakeun naon wae peurkara anu dikeursakeun, sareung pamilihNa, heunteu bukti pikeun maranehna pamilih.
(Surat Al-Qoshosh : 68)

Sareung Alloh anu nyiptakeun arangjeun kabeh, sareung nyiptakeun naon wae peurkara anu araranjeun migawe kana eta peurkara.
(Surat 37 Ash-Shooffaat : 96)

Maka saestuna ari Alloh eta nyasarkeun ka jalma anu dikeursakeun sasar, sareung nuduhkeun Alloh ka jalma anu dikeursakeun dipaparin pituduh.
(Surat 35 Al-Fathiir : 8)

Alloh nibakeun adzab ka saha wae jalma anu dikeursakeun, sareung maparin rohmat ka saha wae jalma anu dikeursakeun.
(Surat 29 Al-Ankabuut : 21)

Sareung heunteu bisa nangtukeun aranjeun kabeh kana pagawean kajaba pagawean anu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh tur dikeursakeun ku Robbal Alamin. 
(Surat At-Takwiir 81 : 29) sareung dina (Surat 76 Al-Insan : 30)

Sareung dawuhan kanjeung Nabi saw:
Ari saban-saban peurkara eta teuteup kalawan Qodlo sareung Qodarna Gusti Alloh sahingga leumah sareung sampurnana. (teugeusna ku campeulang sareung seumangeutna eta jadi pagawean urang dina bisa beur-amal).

Tah kuayana bisa toat eta teh mangrupakeun hidayah ti Gusti Alloh seubagai panghurmatan pikeun Abdina anu rek dikeursakeun bagja ku Gusti Alloh. Jadi kuayana bisa toat sakuduna syukuran lain ujub sareung menta babaleus. Jadi dina ieu hikmah Mushonnif marentahkeun yen urang kudu beurpikir neupi ka pamikiran anu bieu.

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 05

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 05 Mata.....

Dimana-mana nagih anjeun ka Gusti Alloh ~ kana bayaran ladang amal ~ maka anjeun ditagih ku Gusti Alloh ~ kalawan ngayakeun kudu ngalaksanakeun sipat kajujuran ~ dina eta amal ~ sareung cukup ~ ka jalma anu mangmang kana ayana peumbaleusan, naon ~ ari kasalameutan.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana heunteu panteusna jalma nagih kana babaleus tina ladang amalna, sabab ku Gusti Alloh bakal ditagih deui kalawan kudu jujur dina amal, teugeusna anjeun kudu amal dina kahadean, teurus anjeun menta ka Gusti Alloh kana ngabaleusna eta amal, maka Gusti Alloh bakal nagih ka anjeun kana kudu ngayakeun kajujuran dina amal, teugeusna ka-ikhlasan anjeun dina beuramal kalawan ikhlas anu saluhur-luhurna, nyaeta ngalaksanakeun toat samata-mata diparentah sareung ngajalankeun tugas kana kakuduan Abdina teurhadap Gusti Alloh, maka lamun urang ditagih ku Gusti Alloh dititah ngayakeun kajujuran, maka urang moal bisa ngalaksanakeunnana, sabab ku ayana nagih babaleus oge beurarti heunteu jujur tur mangmang keneh kana ayana pambaleusan. Eta cukup ku ayana manggihan kasalameutan pikeun pambaleusannana, jadi pambaleusannana cukup ku disalameutkeun oge.

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 01 Alima.....

Uninga Gusti Alloh ~ kana ayana ~ kaleumahan ~ ti anjeun ~ maka nyaeutikkeun Gusti Alloh ~ kana bilangannana eta sholat ~ sareung uninga Gusti Alloh ~ kana kabutuhan anjeun ~ kana kurniana Gusti Alloh ~ maka ngalobakeun Gusti Alloh ~ kana pamasihna eta kurnia.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana dua kani’matan anu dipasihkeun ku Gusti Alloh teurhadap umat kanjeung Nabi, nyaeta nya-eutikannana bilangan sholat, teugeusna ngan sa-ukur lima waktu kalawan ganjaran lima puluh waktu, nyaeta di-entengkeun ku Gusti Alloh, sabab ngeumut kana leumahna anjeun. Sareung ka duana Gusti Alloh ngalobakeun kana FADLOL, teugeusna pirang-pirang pamasih sabab ningali kana barutuh anjeun.

Juz' 1 Hal 91 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 91 Jajaran 01 Ash Sholatu.....

Ari sholat anu beuneur ~ eta beubeureusih ~ pikeun pirang-pirang hate ~ tina pirang-pirang kokotorna ~ pirang-pirang dosa anu laleutik ~ Sareung peubukana ~ pikeun pirang-pirang lawang peurkara anu goib ~ Sareung ari sholat ~ eta teumpat munajat ~ Sareung jadi teumpat beubeureusih (anu disarupakeun sareung teumpat peupeundeuman emas sareung perak) ~ anu jeumbar ~ dina sholat ~ pirang-pirang lapangan pirang-pirang rahasiah (anu disarupakeun kana lapangan) ~ Sareung moncorong ~ dina eta sholat, naon ~ pirang-pirang sorotan pirang-pirang cahaya.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana kapeuntingannana sholat sareung kana buahna sholat, eta aya 6 rupa, nyaeta: 

1. Nyaeta ngabeursihkeun kana hate tina pirang-pirang dosa sareung ka-aibban, sabab dina eta sholat urang depe-depe tur INKISAR karna Gusti Alloh, sareung ningalikeun hina tur apeus sareung butuhna ka Gusti Alloh. Maka dimana-mana depe-depe hate karna serab ku kaagungan Gusti Alloh, maka beursih hatena tina saban-saban kokotor, didawuhkeun ku kanjeung Nabi eta pagawean sholat bakal ngaleubur kana saban-saban kokotor dosa anu laleutik anu disarupakeun sareung mandi lima kali dina sapoe sapeuting. 
2. Nyaeta bakal ngabukakeun kana lawangna pirang-pirang peurkara anu goib, nyaeta ASROR MALAKUT sareung ASROR JABARUT, nyaeta pirang-pirang peurkara anu sok kapanggihna ku panon hate sareung leuleumeusan anu aya dina jiwa, sabab dina eta sholat aya beubeureusih dhohir sareung anu batin. 
3. Nyaeta sholat jadi teumpat munajat, sareung madeupkeun diri ka Gusti Alloh, nyaeta ku bacaan-bacaan sareung dzikir. 
4. Nyaeta jadi teumpat beubeureusihna Abdi ka pangeran anu disarupakeun kana simpeunan emas, sabab dimana-mana jalma ngalakonan sholat, maka Gusti Alloh sok ngaleungitkeun hijab antara Abdina sareung Manteunna, sahingga madeup ka pangerannana. 
5. Nyaeta ngaleugakeun ASROR, teugeusna beubeureusihna Ruh dina waktu sholat anu disarupakeun kana lapangan. 
6. Nyaeta bakal moncorong dina waktu sholat pirang-pirang pangbijilan cahaya nyaeta pirang-pirang cahaya sipat, teugeusna moncorongna ASROR dzat pikeun ahli FANA' sareung cahayana sipat ahli baqo.

Juz' 1 Hal 90 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 90 Jajaran 01 Lamma.....

Samangsa-mangsa uninga, saha ~ Dzat Gusti Alloh ~ ti anjeun ~ kana ayana boseun ~ maka ngarupa-rupakeun Gusti Alloh ~ pikeun anjeun ~ kana pirang-pirang tingkahna toat ~ Sareung uninga Gusti Alloh kana peurkara ~ anu aya di anjeun ~ tina ayana sarakah ~ maka ngeukeur Gusti Alloh kana eta toat ~ ka anjeun ~ tina sawarehna pirang-pirang waktu ~ supaya bukti, naon ~ cita-cita anjeun ~ kana ngalaksanakeun sholat ~ lain ngayakeun sholat ~ sabab heunteu sakur-sakur jalma anu sholat ~ eta anu ngalaksanakeun.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana ngarupakeunnana Gusti Alloh kana toat supaya ulah boseun. Sareung ngeukeur Gusti Alloh kana toat dina saban-saban waktu supaya ulah raribut migawe. Tah eta dua kani’matan anu kacida geude anu dipasihkeun ku Gusti Alloh ka Abdina, sabari ieu boseun sareung rakus eta dua fitnah anu geude anu bisa meugatkeun kana hubungan antara Abdi sareung Pangerannana, sahingga kuayana boseun sok timbul ngewa anu mengkolkeun ka jalma anu beuramal, biasana timbul tina masaqotna anu ieu kacida bahayana, nyakitu deui kuayana rakus beuribadah, teugeusna ribut geus kaseungsreum kana beuramal eta oge sok ngadatangkeun kana kakurangan sareung gagabah dina ngalaksanakeunnana. Maka kuayana kitu Gusti Alloh ngarupa-rupakeun toat, tur toat oge eta diwaktu-waktu, sahingga sholat fardu dicaram migawena dina lain waktuna, nyakitu keneh sholat sunat dicaram migawena dina waktu anu makruh, nyaeta supaya bukti cita-cita anjeun kana ngalaksanakeun sholat nyaeta sholatna bari ngaraksa syarat sareung rukunna tur ngaraksa hate, nyaeta ngahadirkeun hate sarta Gusti Alloh dina waktu sholat lain pikeun ngayakeun sholat, sabab heunteu sakur-sakur jalma anu sholat eta ngalaksanakeun, teugeusna ku-ayana sholat anu fardu ngan sa-ukur lima waktu dina sapoe sapeuting, atawa puasa bulan romadhon ngan sa-ukur sabulan dina jeuro sataun, nyaeta supaya teunang dina ngalaksanakeunnana bari HUSYU' tur heunteu matak boseun.

Sareung dina sholat eta aya 2 tingkah, nyaeta :
  1. Iqomatis sholah. 
  2. Ngayakeun sholat. 
Ari anu dimaksud ku Iqomatis sholah, nyaeta ngaraksa kana patokannana dibareungan kalawan adab-adabannana. Ari anu dimaksud ku Ngayakeun sholat nyaeta ngayakeun tingkah sholat anu sakadar jigana keur sholat.

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 37

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 37 Alima.....

Uninga Gusti Alloh ~ ti anjeun ~ kana yen sa-eunyana anjeun ~ eta heunteu sobar ~ tina neupangan Gusti Alloh ~ maka Gusti Alloh ningalikeun ka anjeun ~ kana peurkara ~ anu bijil ti Gusti Alloh.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kulantaran ahli ma’ripat eta kauninga ku Gusti Alloh kana parantos heunteu sobar, neupi ka seu-eur anu majnun, maka Gusti Alloh masihan ka ahli ma’ripat kana kaistimewaan anu ngarupakeun panghurmatan ti Gusti Alloh anu nganyatakeun kana panampian, sareung bade ngalaksanakeun kana janji, teugeusna lamar ahli ma’ripat parantos ditampi ku Gusti Alloh kalawan dicaritaan ku keunang-keunangan ka-istimewaan ti Gusti Alloh eungke dina waktuna tiasa teupang.

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 13

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 13 Amaroka.....

Gusti Alloh marentahkeun ka anjeun ~ di ieu alam dunya ~ kalawan mikir-mikir ~ dina pirang-pirang peurkara anu diayakeun ku Gusti Alloh (ka-anehan dadameulannana) ~ sareung bakal ngabukakeun Gusti Alloh ~ ka anjeun kana hijab ~ di alam akherat eungke ~ tina nyaksi kana ka sampurnaanana ~ Dzat Gusti Alloh.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana jalma ahli ma’ripat sareung bawahannana sanajan anjeunna kacida sonona parantos hoyong teupang sareung dzat Gusti Alloh anu MUKHOLAFATU LILHAWADITSI, tapi di ieu alam dunya heunteu acan di-idinan/widian ku Gusti Alloh pikeun ningalina, maka Gusti Alloh marentahkeun di ieu alam dunya kana ningali kana ka-anehah dadameulannana mangka eungke di akherat Gusti Alloh bakal ngabukakeun kana hijab, teugeusna jalma di surga eta di dipaparin kakuatan, sahingga tiasa ninggal ka dzat Gusti Alloh anu MUKHOLAFATU LILHAWADITSI, nyaeta sakumaha anu didawuhkeun ku Gusti Alloh: 

Ari pirang-pirang wajahna ahli surga dina poean di surga eta moncorong beurcahaya pada naringali ka pangerannana.
(Surat 75 Al-Qiyamah : 22)

Tapi dina ningalina ieu makhluk kana dadameulan Gusti Alloh ulah ngan sa-ukur sakadar ningali kaendahannana kalawan panon, tapi kudu meuleutas panon hatena ka anu ngadameulna, sakumaha dina hikmah anu bakal datang.

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 89 Jajaran 01 Innama.....

Pastina ngarasa riweuh, saha ~ pirang-pirang abdi jalma ahli ibadah sareung ahli zuhud ~ tina saban-saban peukara ~ kusabab ghoibna atawa heunteu ningalina si abdi ~ ti Gusti Alloh ~ dina saban-saban peurkara ~ maka lamun nyaksi ieu ahli ibadah sareung ahli tapa ka dzat Gusti Alloh ~ dina saban-saban peurkara ~ maka moal ngarasa riweuh ieu ahli ibadah sareung ahli tapa ~ tina saban-saban peurkara.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana sawarehna ciri jalma aqil anu ahli ma’ripat, nyaeta ari jalma ahli ma’ripat kuayana sampurna paningalina sareung molongpong panon hatena, maka dina ningali makhluk eta meuleutas panon hatena kana anu ngadameulna, sahingga kahalangan tina ningali Makluq ku Kholiqna, maka kuayana para ahli ma’ripat dina ningali makhluk meuleutas ka anu ngadameulna, maka sakabeh peurkara anu katingali ku ahli ma’ripat eta heunteu ngajadikeun riweuh kana hatena. Seudeungkeun ari golongan ahli ibadah sareung ahli tapa ti golongan SAIRIN anu can neupi kana ma’ripat eta sok ngarasa riweuh hatena ku ayana ningali makhluk, sahingga aranjeuna ngajauhan ti makhluk, teugeusna jalma ahli ibadah anu geus reuseup ngarahkeun tanaga dipake ibadah ka Gusti Alloh, peutingna harudang sholat, beurangna pararuasa (puasa) katungkul ku ngeunahna beur-ibadah tapi poho tina ngeunahna manteungna hate ka anu diibadahan, sahingga kahalangan ku ibadahna ti pangerannana. Nyakitu deui ahli tapa, nyaeta jalma anu geus teu reuseup tina nyantelkeun hate ka makhluk, sahingga pada mabur tina dun-ya sareung ngarasa ngeunahna tapa, sahingga tarareunang dina tapana, tah eta oge kahalangan ti Gusti Alloh, teugeusna can manteungkeun hate, sahingga sakabeh peurkara anu katingali ngajadikeun riweuh. Tah eta ngarasa riweuhna UBAD sareung ZUHAD, sabab heunteu ningali ka Gusti Alloh dina eta peurkara, tegeusna dina nalika ningali makhluk eta heunteu meuleutas ka Gusti Alloh panon hatena, maka makhluk sok ngajadikeun riweuh. Seudeungkeun ari ahli ma’ripat ku-ayana meuleutas panon hatena ka anu ngadameulna, maka sakabeh peurkara eta heunteu ngajadikeun pakewuh, tuluy ma’ripat ka Gusti Alloh dina sakabeh peurkara sareung ngarasa reugreug ku sakabeh peurkara sareung beur-adab sarta sakabeh peurkara sareung sok ngagungkeun kana sakabeh peurkara.

Juz' 1 Hal 06 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 06 Jajaran 01 Sawabiqul.....

"Ari pirang-pirang tarikna cita-cita anu luhur (anu disarupakeun kana lumpatna kuda) ~ eta moal bisa ngadobrak kana pirang-pirang katangtuan Gusti Alloh (anu disarupakeun kana benteung anu kuat)".

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif saolah-olah ngelatan kana hikmah anu ka hiji, nyaeta ulah tatageunan kana amal, lantaran satarikna amal anu dibareungan kalawan cita-cita anu luhur, eta moal bisa ngarobah kana katangtuan Gusti Alloh, anu disarupakeun sareung benteng anu kuat. Qodar anu ieu nyaeta katangtuaan Gusti Alloh anu akur sareung elmuna Gusti Alloh, nyaeta anu sok diseubut Qodlo Mubrom. Tah ieu moal bisa dirobah ku keuyeungna para Nabi atawa para Wali sareung sahandapeunnana, tapi ieu keuyeungna para Nabi sareung para Wali, atawa Mu’min anu sholeh atawa anu Faseq, atawa jalma Kapir eta teurkadang bisa ngarobah kana katangtuannana Gusti Alloh anu teurcatat di Lauhul mahfud, anu masih dicantelkeun dina elmuna Alloh, nyaeta anu sok diseubut Qodlo Muallaq, teugeusna catatan taqdir Gusti Alloh di Lauhul Mahfud eta tiasa dirobah, anu parobahannana sok ngajanteunkeun:
"Amrun khoriqun lil 'adat"
Peurkara anu ngabeudah kana kabiasaan, maka:
  • Lamun bijil ti para Nabi sok diseubut Mu’jizat 
  • Lamun bijil ti para Wali sok diseubut Karomah. 
  • Lamun bijil ti jalma Mu’min sok diseubut Ma’unah. 
  • Lamun bijil ti jalma fasiq atawa ti jalma Kapir sok diseubut Istidroj. 
Sareung deui peuryogi diuningakeun yen eunyana Qodlo sareumg Qodar, eta dua bahasa anu wajib diImankeunnana, anu hartosna peuneuntuan sareung peulaksanaan, teugeusna Gusti Alloh nangtukeun ku irodatna, anu diseubut Qodar hartosna papasten, sareung ngalaksanakeun ku sipat qudrotna. Anu sok diseubut Qodlo hartosna ngalaksanakeun, atawa sok diseubut Irodatna Gusti Alloh kalawan Qodlo anu dihartian ku papasti, seudeungkeun qudrotna Gusti Alloh eta sok diseubut Qodar, nyaeta kalawan kakawasaan. Tah paleubah dieu Ikhtilaf dina seuseubutan antara Imam Asy’ari sareung Imam Ma’turidi. Sareung ari tiasa robahna Qodlo Muallaq , nyaeta sakumaha didawuhkeun ku Gusti Alloh.

"Bakal ngahapus atawa neuteupkeun Gusti Alloh kana naon wae peurkara anu ngeursakeun Gusti Alloh, sareung mungguh Gusti Alloh eta aya dina Ummul Kitab".
(Surat 13, Ar-Ra'd: 39).

Teugeusna Gusti Alloh mampuh ngarobah sareung neuteupkeunnana kana katangtuannana Gusti Alloh, sareung ari catatannana eta aya dina kakawasaan Gusti Alloh.

Juz' 1 Hal 04 Jajaran 03

Juz' 1 Hal 04 Jajaran 03 Irodatukat.....

"Ari ngeureuteuggeun anjeun ~ kana (Tajrid : kosong tina kasab) ~ sarta neuteupkeunnana Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ dina pirang-pirang sabab ~ eta timbul tina syahwat anu leumeus/samar ~ Sareung ari ngeureuteuggeun anjeun ~ nincak kana pirang-pirang sabab ~ sarta neumpatkeunnana Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ dina golongan Tajrid ~ eta turun tina cita-cita anu luhur".

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun yen saeunyana jalma Muktasabin eta ulah beurusaha hayang jadi Mutajarridin. Sareung nyakitu deui Mutajarridin ulah hayang jadi Muktasabin, lantaran ieu sipat duanana parantos dipastikeun ku Gusti Alloh, tur duanana tiasa dianggo jalan kanggo Wushul ka Gusti Alloh, asal sae niatna sareung praktekna. Maka pikeun jalmi anu Tajrid anu kosong tina panghalang, tur anu ngawungkulkeun taqwa ka Gusti Alloh bari tiasa tuang, tur heuteu milarian kana kani’matan anu kacida luhurna, sing kade ulah lungsur ka handap jadi golongan Muktasabin. Sareung nyakitu deui jalma Muktasabin, anu mayunan kana pirang-pirang sabab sareung kasab, pikeun dirina sareung anak-rabina, eta kudu ngalaksanakeun kasab saalus-alusna neupikeun ku kasabna kengeng ganjaran anu geude, sareung kengeng pangampura ti Gusti Alloh, tapi sing kade ulah hayang jadi Tajrid, lantaran eta bijil tina Syahwat anu leumeus.

Juz' 1 Hal 03 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 03 Jajaran 01
"Eta teuteup tina sapalihna ciri tatageunan ~ kana amal ~ ari ngurangannana tina pangareup-ngareup kana rohmatna Gusti Alloh ~ dina nalika ayana kasalahan".

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade neurangkeun jalmi Jahilin Al-Ghofilin. Ari jalma Jahilin Al-Ghofilin eta sok tatageunan ka salian ti Gusti Alloh, naha tatageunan kana kapangkatan atawa harta sareung turunan, tah eta bodo anu pang bangeutna. Sareung anu enteng kana elmu, atawa kana Ahwal. Tah eta tatageunan anu bieu eta sipatna jalmi anu bodo tur dicacad, da sakeudahna mah tatageunan teh keudah wungkul ka Gusti Alloh, sahingga ngaraos heuteu aya daya upaya lintang ti ku ayana peurtulungan Gusti Alloh. Tah dina ieu hikmah Mushonnif meurtelakeun kana cirina jalmi anu tatageunan kana amalna, nyaeta dina nalika tiba maksiat sok ngurangan Rojana ka Gusti Alloh. Seudeungkeun ari pirang-pirang jalmi ahli ma’ripat Al-Muwahhidun, eta pada ngaraos dirina cakeut ka Gusti Alloh, tur ningal kalawan soca atina, yen dirina nuju dikeursakeun ku Gusti Alloh, dugi ka ngaraos heunteu aya daya upaya lintang ti atas nami katangtosan Gusti Alloh. Maka dimana-mana anjeuna ghoflah atawa maksiat, maka sakaligus anjeuna ningal kana pangeursana Gusti Alloh, sareung katangtosan anu keuna kana dirina, sapeurtos ngalakonan toat, maka heuteu tiasa ngalakonan kajaba atas nami pangeusana Gusti Alloh, maka heunteu ningal kana kakuatan anu aya dina dirina, sareung kajadian anu dilakonannana, maka eta nafsuna Tuma’ninah aya di handap jalan qudrotna Gusti Alloh, sareung hatena eta tarareunang ku cahayana ma’rifat. Maka heunte aya benteuna dina tingkah toat sareung ma’siat, margi parantos titeuleum dina lautan tauhid, neupikeun ka Khouf sareung Roja. maka heuteu tiasa ngurangan sareung nambihan ku sabab toat sareung ma’siat. Anapon ari sanes ahli ma’ripat mah, eta dirina ngaraos tiasa amal, teuras tatageunan kana amalna, sareung ngaraos teunang ku amalna, maka dina nalika heunteu amal atawa ma’siat, hatena jadi ngurangan, sareung cumantel kana sabab, maka ku ayana cumantel kana sabab, maka bakal nutup lawang anu ngajugjug ka Gusti Alloh. Maka sing saha jalmi kasumpingan ieu sipat, eta keudah enggal-enggal ngarobih, nyaeta keudah tatageunan ka Gusti Alloh supaya teurbuka.

Juz' 1 Hal 26 Jajaran 05

Juz' 1 Hal 26 Jajaran 05 Mastudi'a.....

Ari peurkara anu disimpeun ku Gusti Alloh ~ dina batinna pirang-pirang ati ~ eta sok neumrak, teugeusna katingali ~ dina dohirna jiwa-raga anu kasaksi.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana ciri-cirina jalma anu beuneur dina mimitina, teugeusna kulantaran bagjana panungtungan eta didasarkeun kana beuneurna dina mimitina. Seudeungkeun ari beuneurna hate eta heunteu aya anu teurang, maka Mushonnif dina ieu hikmah bade meurtelakeun kana ciri-cirina beuneurna dina mimiti. Nyaeta ari peurkara anu aya di jeuro hate eta tiasa ditingali dina dhohirna tingkah, nyaeta nurutkeun Qowa’id: 
"Ari dohirna tingkah eta jadi eunteungna batinna hate".

Maka ari jalma anu disimpeunan cahaya dina hatena sareung Asror tina kama’ripatannana, eta bakal dhohir tapak cahayana dina tingkahna, teugeusna dina tingkahna beurseumangat taqwa ka Gusti Alloh, sareung dina ucapannana ngajakan ngajugjug ka Gusti Alloh, sahingga eta dhohirna tiasa dijanteunkeun ciri kana batinna, sahingga kanjeung Nabi ngadawuh: 
"Lamun khusu` hatena ieu jalma, maka bakal khusu` anggahotana".

Juz' 1 Hal 49 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 49 Jajaran 01 Ma

Heunteu aya peurkara anu nungtun ka anjeun, naon ~ hiji peurkara ~ anu sapeurtikeun bayangan atawa susuganan.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana peurkara anu ngadatangkeun kana TOMA'. Maka ari peurkara anu jadi sabab anu ngadatangkeun kanaTOMA' eta rupa-rupana, Ari pang bangeutna nyaeta ayana WAHMU, teugeusna ayana TOMA' eta timbul tina nuturkeun sangkaan, atawa kana kamangmangan, atawa kana susuganan, tuluy dipupuk ku mudah-mudahan, yakin asa nyata padahal kacida jajauheunnana. Jadi jalma anu TOMA' teh ditungtungan ku WAHMU, teugeusna dibawa ku lain kayakinan, padahal lamun hatena dipinuhan ku kayakinan tur ingeut kana sagala janjina Gusti Alloh sareung katangtuannana, maka hatena moal oyol-oyolan nuturkeun kana susuganan sareung meureun. Jadi pikeun ngajauhan sipat TOMA', maka kudu ingeut kana bacaan Wiridan:

"Heunteu aya anu ngahalangan kana peurkara anu parantos ku anjeun dipasihkeun, sareung heunteu aya anu mere kana peurkara anu ku anjeun dihalangan, sareung moal aya anu nolak kana peurkara anu ku anjeun ditaqdirkeun".

Teugeusna jalma anu rek dibere ku Gusti Alloh eta moal bisa dihalangan. Sareung jalma anu moal dibere ku Gusti Alloh, eta moal bisa dipeurjuangkeun. Maka heunteu aya manfaatna dina hakekatna sagala rupa peurjuangan, maka beuribu-ribu panghalang, oge beuribu-ribu dugaan eta heunteu aya pangaruhna dihadapan Gusti Alloh. Sareung dina dawuhan Gusti Alloh:
"Caritakeun ! Moal datang sagala kajadian, kajaba sakumaha anu parantos dituliskeun ku Gusti Alloh pikeun urang sarerea".
(Surat 9At-Taubat : 51)

Teugeusna anu ditangtukeun ku sipat irodatna sareung kauninga ku sipat elmuna anu teurcatat di Lauhul Mahfudh.

Juz' 1 Hal 87 Jajaran 20

Juz' 1 Hal 87 Jajaran 20 Alghofilu.....

Ari pirang-pirang jalma anu ghoflah tina tauhid ~ dimana-mana datang isuk-isuk ~ maka ningali ieu jalma anu ghoflah ~ kana naon anu kudu dipigawe ~ Seudeungkeun ari jalma anu beurakal anu iman kana qodlo sareung qodarna Gusti Alloh ~ eta ningali ieu jalma anu beurakal ~ kana naon pangeursana Gusti Alloh ~ ka itu jalma anu beurakal.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana ukuran jalma anu iman kana Qodlo sareung Qodar tur ma’ripat kana sipat Irodat sareung Qudrotna. Maka ari jalma anu iman kana Qodlo sareung Qodarna, tur ma’ripat kana sipat Irodatna sareung Qudrotna, maka dina waktu isuk-isuk geurak diri saba’da diistirahatkeun eta panon hatena ngabandungan kana naon pagawean diri anu bakal dikeursakeun ku Gusti Alloh. Seudeungkeun ari jalma anu Ghoflah anu poho tina QODLO sareung QODARna, sahingga tatageunan kana kakuatan sorangan, sareung asa bisa gawe sorangan, maka eta dina waktu isuk-isuk eta geus mikirkeun kana pagawean sorangan, naon anu kudu dilakukeun ku sorangan, sahingga heunteu aya tawakkal ka Gusti Alloh tur tatageunan kana dirina, sahingga dipasrahkeun ku Gusti Alloh kana dirina, akhirna heunteu laksana tujuannana.

Juz' 1 Hal 87 Jajaran 07

Juz' 1 Hal 87 Jajaran 07 Wurudul.....

Ari datangna pirang-pirang pamasih Gusti Alloh ~ eta teuteup kalawan ngitung-ngitung peursiapan ~ Sareung ari moncorongna pirang-pirang cahaya kayakinan ~ eta neuteupan karna ngitung-ngitung beursihna pirang-pirang ati.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif saolah-olah bade ngadatangkeun elat kana hikmah anu tadi, teugeusna pangna jalma anu kabita ku Warid bari ninggalkeun Wirid eta jalma bodo, sabab datangna warid eta ngitung-ngitung kana ayana wirid, teugeusna ari datangna pirang-pirang ka-utamaan ti Gusti Alloh eta kalawan pirang-pirang peursiapannana Abdi kalawan ngabeursihkeun hate sareung ngalanggeungkeunnana kana wiridan, maka ari datangna warid eta nurutkeun wirid, maka lamun wiridna sampurna, teugeusna dibareungan hate anu beursih, maka bakal datang warid anu sampurna deui, sareung lamun loba wiridannana bakal loba waridna. Maka sing saha jalma anu loba ngabeursihkeun hatena sareung loba mapaesannana dirina, maka bakal loba peurtulungannana.

Ari moncorongna pirang-pirang cahaya kayakinan sareung kama’ripatan nyaeta anu sok diseubut IMDAD eta ngitung-ngitung beursihna hate tina cumantel ka makhluk sareung tatageunan kana AGHYAR sareung tara bukti ieu beursihna hate dina golib-golibna kajaba ku ngalanggeungkeun pirang-pirang wiridan.

Juz' 1 Hal 85 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 85 Jajaran 01 La.....

Heunteu milang hina ~ kana wirid ~ kajaba jalma anu bodo ~ Ari warid ~ eta bisa dipanggihan ~ di daerah Akherat ~ seudeungkeun ari wirid ~ eta bakal euweuh ~ ku euweuhna ~ ieu alam dun-ya ~ Sareung ari pang utama-utamana peurkara ~anu dieunya-eunyakeun, naon ~ ieu peurkara ~ eta peurkara anu heunteu digantian, naon ~ wujudna eta peurkara ~ Ari wiridan ~ eta ari Gusti Alloh ~ eta menta kana itu wirid ~ ti diri anjeun ~ seudeungkeun ari warid ~ eta ari anjeun ~ eta anu menta kana itu warid ~ ti Gusti Alloh ~ Maka dimana pangkatna (teugeusna luhur mana pangkatna?) ~ peurkara ~ ari Gusti Alloh ~ eta anu menta kana eta peurkara ~ ti anjeun ~ tinimbang peurkara ~ ari ieu peurkara ~ eta anu dipenta ku anjeun ~ ti Gusti Alloh.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana amal sholeh anu dipake ngaramekeun waktu, naha mangrupakeun bacaan atawa sholat anu jadi jalan. Sareung ma’ripat ka Gusti Alloh eta ulah dibilang-bilang hina, sabab sakumaha dihandap jalma anu heunteu dibere kaistimewaan ku Gusti Alloh, maka moal daek wiridan. Maka dina paleubah dieu Mushonnif meurtelakeun yen saeunyana jalma anu ngahinakeun kana wiridan eta jalma pang bodo-bodona, sabab ari ieu wiridan eta bakal leungit ku ayana maot urang. Maka sing saha jalma anu katibaan ku kaistimewaan ku Gusti Alloh kari-kari nyampeulangkeun kana wiridan, maka eta jalma eta kacida bodona, sabab ari ka-istimewaan ti Gusti Alloh mah eta bisa dipanggihan di Akherat, seudeungkeun ari wiridan eta bakal leungit ku ayana maot, maka ari wiridan eta kudu dieunya-eunya ngalaksanakeunnana, sabab heunteu aya anu ngagantiannana. Sareung ari wiridan eta tingkah anu diparentahkeun ku Gusti Alloh, seudeungkeun ari kaistimewaan eta anu dipenta ku urang, maka ari tingkah anu dipenta ku Gusti Alloh eta leuwih utama tinimbang anu dipenta ku urang. Jadi kabita ku Warid ninggalkeun Wirid eta katipu. Sareung anu dimaksud ku Wirid nyaeta pirang-pirang amalan anu ditartibkeun pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh, seudeungkeun ari anu dimaksud ku Warid nyaeta ka-istimewaan ti Gusti Alloh anu dipasihkeun ka sawareh Abdina.

Juz' 1 Hal 83 Jajaran 30

Juz' 1 Hal 83 Jajaran 30 Laisa.....

Lain sakur-sakur jalma ~ anu teuteup, naon ~ kaistimewaanana ~ eta sampurna kabeursihannana.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana (Karomah : kahurmatan) Gusti Alloh teurhadap Abdina eta aya 2, nyaeta: 
  1. Karomah Haqiqi. 
  2. Karomah AMRUN KHOWARIQUN LIL'ADAT 
Maka ari ieu Karomah Haqiqi. nyaeta peurkara anu mangrupakeun panghurmatan ti Gusti Alloh anu sa-eunya-eunyana, nyaeta masihannana Gusti Alloh ka Abdina kana bisa toat dina dhohirna sareung pasrah sumeurah kana katangtuannana Gusti Alloh dina batinna, nyaeta sakumaha dina hikmah anu diteurangkeun tadi, sabab Karomah anu ieu eta pamasih anu pang utama-utamana, sabab bisa ngahasilkeun pang luhur-luhurna tujuan sareung panungtungan kani’matan eta dipasihkeun ku Gusti Alloh ka jalma anu beureusih. 
Sareung kaduana nyaeta Karomah Amrun Khowariqun Lil-Adat. Tah ieu lain Karomah Haqiqi, sabab teurkadang sok dipasihkeun ka jalma anu can sampurna Istiqomahna, sareung sok loba kajadian dina tanganna jalma MUBTADI'IN. Sareung tara pati dhohir digolongan WASHILIN, tapi ieu duanana kaasup kana MIN AHLILLAH, maka peurlu ku urang dihurmat sareung di-agungkeun duanana oge, tapi ngagungkeun ahli Istiqomah kudu leuwih ngagungkeun. Maka ari jalma anu didatangan Karomah eta lain beurarti sampurna kabeursihannana tina kokotor sareung ngalap kauntungan nafsuna sabab ieu Karomah anu Khoriqun Lil'Adat anu mangrupakeun ka-istimewaan ti Gusti Alloh eta sok teurkadang dipasihkeun ka sawareh jalma anu heunteu beureusih tina ngalap kauntungannana nafsu. 

Sareung ari didhohirkeunnana ku Gusti Alloh eta aya 3 hikmah, nyaeta: 
  • Kuayana tambah-tambah seumangeut. 
  • Rek nyoba naha eureun atawa heunteu, kuayana didatangan karomah. 
  • Pikeun tambah-tambah kayakinannana, atawa kayakinan anu sejenna supaya dialap manfa’atna ku anu sejenna, sahingga jalma harayang nurutan.

Juz' 1 Hal 83 Jajaran 09

Juz' 1 Hal 83 Jajaran 09

Dimana-mana Gusti Alloh ngajadikeun ka anjeun ~ dina dhohirna ~ kana bisa turut kana parentahannana ~ sareung ngarizqian Gusti Alloh ka anjeun ~ dina batinna ~ kana rasa pasrah sumeurah ~ kana katangtuan sareung paksaannana Gusti Alloh ~ maka yakin Gusti Alloh parantos ngagungkeun ~ kana pamasihna ~ teurhadap anjeun.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen sa-eunyana pang agung-agungna adab-adaban sareung pang utama-utamana nyaeta turut kana parentahan Gusti Alloh sareung pasrah sumeurah kana katangtuannana Gusti Alloh. Maka dimana-mana Gusti Alloh ngajadikeun ka anjeun kana bisa turut kana parentah Gusti Alloh sareung ngajauhan larangannana, teugeusna Gusti Alloh maparin Taufiq ka anjeun pikeun ngalaksanakeun toat bari dina hate anjeun dikeursakeun bisa pasrah sumeurah kana katantuan Gusti Alloh, teugeusna rido anjeun kalawan kurnia anu pang hade-hadena, sabab kani’matan anu ieu eta jadi jalan kana ma’ripat ka Gusti Alloh, nyaeta anu jadi puncakna tujuan, sareung jadi panungtungan kani’matan. Sabab ari nurut kana parentahan dina dhohirna eta nuduhkeun kana kasampurnaan Syariat. Sareung ari nganyatakeun sipat kaAbdian sareung pasrah sumeurah dina batinna anu nuduhkeun kana kasampurnaan Thoriqot, sareung panungtungannana Haqiqot. Maka ari kumpulna dua kani’matan eta jadi dua panungtungan kasampurnaan.

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 36

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 36

Ulah nagih anjeun ~ ka pangeran anjeun ~ kusabab ngakhirkeunnana peurmintaan anjeun (pikeun diri anjeun) ~ tatapi kudu nagih anjeun ~ kana nafsu anjeun ~ kusabab ngakhirkeunnana adab anjeun (teugeusna ku naon anjeun euncan beur-adab bae ka Gusti Alloh).

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana hiji patokan anu umum pikeun sarerea-aneun, nyaeta dimana-mana anjeun peurmintaan ka Gusti Alloh kana hiji peurkara kari-kari euncan bae hasil, maka sing kade anjeun ulah ngaburu-burukeun sareung nganaha-nahakeun kana euncan mere bae Gusti Alloh, sabab pangna euncan mere teh anjeun euncan bisa beuradab ka Gusti Alloh, maka anjeun ulah nganaha-naha ka Gusti Alloh, tapi kudu nganaha-naha mah kana diri anjeun euncan bisa ber-adab wae, sabab lamun anjeun adab mah pasti geus diburu-burukeun. Sareung ari adab-adaban anjeun nyaeta kudu ngalap cukup kalawan elmuna Gusti Alloh, sareung kudu rido anjeun kana katangtuannana, tur kudu tatageunan anjeun kana peurkara anu dipilih ku Gusti Alloh pikeun anjeun, ulah kana peurkara anu dipilih ku anjeun pikeun diri anjeun, sabab anjeun mah heunteu aya kanyaho, seudeungkeun Gusti Alloh parantos nanggung kana ngaijabahna dina peurkara anu dikareupkeun ku Gusti Alloh, lain dina peurkara anu dipikahayang ku anjeun, sareung dina waktu anu dikareupkeun ku Gusti Alloh, lain dina waktu anu dikareupkeun ku anjeun.

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 13

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 13 Subhana.....

Maha beursih ~ Dzat Gusti Alloh anu nutupan ieu dzat ~ kana rahasiah anu khusus ~ kalawan ngadhohirkeun sipat kamanusaan ~ Sareung ngadhohirkeun Gusti Alloh ~ kana ka-agungan sipat kapangeranan ~ dina nalika ka-ayaan eta Abdina ngadhohirkeun ~ kana sipat ka-Abdian.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana sawarehna tina weulas-asihna Gusti Alloh, nyaeta sok nutupannana Gusti Alloh kana kaistimewaan anu dipasihkeun ka pirang-pirang walina, nyaeta sok nutupannana Gusti Alloh kana cahaya anu dipanceurkeun ku Gusti Alloh dina pirang-pirang hatena kakasih Gusti Alloh anu tukang ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh, nyaeta dina saba’da ngabeursihkeunnana hate tina kokotor sareung tina dosa, sahingga teuleum dina lautan Musyahadah ka anu dipikacintana, sahingga heunteu ningali kana daya-upaya dirina. Sareung nyakitu deui ditibakeun dina hatena peurkara anu di liputan ku eta cahaya, nyaeta pirang-pirang sipat ka-istimewaan anu luhur, sareung pirang-pirang kapangeranan anu marahal, nyaeta sipat kaagungan sareung kakuatan sareung kamulyaan sareung kakawasaan anu sampurna sareung elmu anu ngaliputan. Tah ieu sipat ku Gusti Alloh ditutupan nyaeta ku ngadhohirkeun sipat-sipat kaAbdian, nyaeta ku sipat pakirna sareung sipat leumahna. Sareung heunteu aya kakawasaannana, sareung ku pirang-pirang sipat anu sok lazim ka manusa, sapeurti sok tuang, sok leu-eut, sok kuleum, sok nikah. Pangna ieu kaistimewaan eta ku Gusti Alloh sok ditutupan, sabab geude bahayana, sabab ieu kaistimewaan eta disarupakeun kana peurmata anu mahal, sareung peupeundeuman barang antik, maka sakuduna eta kudu disumputkeun heunteu meunang ditemrak-teumrakkeun, sahingga didawuhkeun ku Ibnu Abbas Al-Marisi :
Yen saeunyana lamun dibukakeun cahaya wali, tinangtu aribadah jalma-jalma ka eta wali.

Maka ku nutupannana ieu kaasup kana kahadean Gusti Alloh teurhadap wali, tapi ieu kaistimewaan sok teurkadang didhohirkeun ku Gusti Alloh ka pirang-pirang walina, sahingga ngadatangkeun eta wali kana AMUN KHOWARIQUN LIL'ADAT, anu jadi karomah, tapi tara langgeung teurus ku Gusti Alloh dicabut deui deui, sahingga eta wali biasa deui teurtutup.

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 82 Jajaran 01

Heunteu dipikasieun madorot ~ ka anjeun ~ yen saliruna, naon ~ pirang-pirang jalan ~ ka anjeun ~ Sareung pastina anu dipikasieun madorot ~ ka anjeun ~ eta tina ngalindihna hawa nafsu ~ ka anjeun.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana jalma anu hayang Wushul ka Gusti Alloh eta heunteu dipikapaur saliruna jalan, sabab jalanna geus molongpong, nyaeta Gusti Alloh ngutus ka Rosulna, sareung nurunkeun kana kitabna tur katingali pirang-pirang jalanna Wushul ka Gusti Alloh, sahingga sing saha jalma anu ningali kana Kitabna sareung Sunnahna, maka bakal manggihan kana jalan anu nuduhkeun pikeun Wushul ka Gusti Alloh. Pastina anu dipikapaur pikeun anjeun anu hayang Wushul ka Gusti Alloh, nyaeta ngalindihna Hawa Nafsuna ngelehkeun ka anjeun, sahingga anjeun jadi lolong heunteu bisa ningali kana jalan, sahingga anjeun heunteu bisa neupi, nyaeta sapeurti ayana ujub anjeun ku bisana toat sareung ngabiasakeun Maksiat sareung milang-milang saeutikna ni’mat, sahingga anjeun heunteu syukuran. Atawa sok ngarasula dina balahi. Tah ieu anu peurlu dipikapaur. Maka pikeun jalma anu hayang Wushul ka Gusti Alloh eta kudu ngajaga tina ngalindihna Hawa Nafsu.

Juz' 1 Hal 78 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 78 Jajaran 01

Sing saha jalma ~ anu nyangka ~ kana pisahna weulas asihna Gusti Alloh ~ tina papastenna Gusti Alloh ~ maka ari itu nyangka tea ~ eta kusabab gagabah paningalina.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana tina sawarehna pang agung-agungna IHSANna Gusti Alloh, nyaeta kabuktiannana weulas-asihna Gusti Alloh eta heunteu pisah tina pangraksana, maka heunteu pati-pati turun papasten Gusti Alloh kajaba geus miheulaan weulas-asihna Gusti Alloh, sareung geus ngabareungan kana eta papasten. Sareung ari kateuteupan yen sa-eunyana pangeursana eta heunteu pisah tina lutfu-na Gusti Alloh, teugeusna weulas-asihna Gusti Alloh eta geus diteuteupkeun ku akal sareung kateurangan dina syara`. Sareung anapon ari nurutkeun akal nyaeta heunteu aya hiji Maksiat anu turun ka hiji Abdina kajaba dina papastenna Gusti Alloh aya anu leuwih geude tinimbang eta papasten anu turun ka eta Abdi, maka eta Abdi geus meunang ka-untungan heunteu datang anu leuwih geude. Maka dimana-mana urang kadatangan musibah, maka kudu ingeut ka jalma anu leuwih geude musibahna tinimbang anjeun, maka lamun ingeut sareung ningali kana anu leuwih bangeut, maka bakal ngarasa ngeunah. Hadena urang mah ngan sakieu ~ Gusti Alloh karunyaeun keneh. Sareung anapon ari katangtuan nurutkeun kateurangan alQur’an sareung alHadits, nyaeta dawuhan Gusti Alloh:
Saeunyana Gusti Alloh bakal masihan ganjarannana sareung pamasihna kalawan heunteu aya perhitungan.
(Surat 39 Az-Zumar : 10)

Gusti Alloh bakal masihan ganjarannana sareung pamasihna kalawan heunteu aya perhitungan.

Maka kuayana kani’matan eta balahi dunya. Teugeusnasna. Jalma anu sobar dina nalika didatangan musibah eta di sadiakeun ku Gusti Alloh ganjaran anu heunteu kaitung. (bawaning ku lobana). Sawareh aya anu dibikeun di dunya, sareung sawareh aya anu dibikeun di akherat. Sareung aya deui dawuhan Gusti Alloh: 
Ari kanyaah Gusti Alloh eta dikeuprukkeun ka jalma anu sobar.
(Surat 2 Al-Baqoroh : 153)

Atawa dina hadits : 
Heunteu pati-pati datang musibah ka jalma Mu’min, naha kariweuh sareung karipuh atawa geuring sareung prihatin, sahingga cucuk anu nyugak, atawa pikiran anu ngabingungkeun kajaba Gusti Alloh ta’ala ngaleubur kalawan eta musibah kana pirang-pirang dosana eta jalma.

Atawa dina hadits : 
Ari panyakit panas dina jeuro sa-jam eta bisa ngaleubur kana dosa sataun.

Maka lamun urang ningali kana ieu sababaraha kateurangan eta nuduhkeun yen saeunyana pangeursana Gusti Alloh eta dibareungan kalawan weulas-asihna Gusti Alloh, sahingga heunteu ngadatangkeun musibah kajaba Gusti Alloh nyadiakeun ganjarannana sareung pamasihna. Maka sing saha jalma anu boga sangkaan kana heunteu nyahoeunnana Gusti Alloh dina nalika Gusti Alloh ngadatangkeun musibah eta kusabab gagabah paningalina.

Juz' 1 Hal 77 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 77 Jajaran 01 Liyukhoffifa

Kudu ngentengkeun ~ kana balahi ~ ka anjeun, naon ~ nyahona anjeun ~ kana yen sa-eunyana Gusti Alloh subhanahu wa ta’ala, eta ~ ari Gusti Alloh ~ eta anu ngadatangkeun balahi ~ ka anjeun ~ Maka ari Dzat ~ anu ngadatangkeun ka anjeun ~ ti itu Dzat, naon ~ kana pirang-pirang papasten ~ Ari Dzat ~ eta Dzat anu ~ sok ngabiasakeun ka anjeun ~ kana alusna pamilihna.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana cirina kadatangan balahi eta bakal enteng kuayana urang nyaho kana yen eta balahi teh ti Gusti Alloh. Seudeungkeun ari Gusti Alloh ayeuna ngadatangkeun balahi eta teh dzat Gusti Alloh anu sok mere kani’matan ka anjeun, tur urang masih keneh butuh kana pamasihna. Jadi lamun urang kadatangan balahi maka panon hate urang kudu meulang kana yen saeunyana balahi eta katangtuan Gusti Alloh sareung pilihannana, seudeungkeun heunteu aya pilihannana ~ kitu alusna. Maka sing saha jalma anu panon hatena manteung kana balahina tur heunteu ingeut kana rohman rohim-na Gusti Alloh, maka bakal geude rasa nyeurina balahi.

Juz' 1 Hal 76 Jajaran 06

Juz' 1 Hal 76 Jajaran 06 Anarodh

Parantos nyaangan Gusti Alloh ~ kana pirang-pirang dhohirna ka-ayaan ~ kalawan pirang-pirang cahaya tapak dadameulan Gusti Alloh ~ Sareung parantos nyaangan Gusti Alloh ~ kalawan pirang-pirang cahaya pirang-pirang sipatna Gusti Alloh ~ karna kusabab kitu (anu tadi dicaritakeun tea teugeusna ANA DHOWAHIR ileh) ~ eta sok surup, naon ~ pirang-pirang cahaya dhohir ~ tur tara surup, naon ~ pirang-pirang cahaya pirang-pirang ati ~ sareung pirang-pirang rahasiah ~ sareung kusabab kitu (anu tadi dicaritakeun tea teugeusna AFALAT ANWARUDH DHOWAHIR ileh) ~ eta sok dibasakeun ~ yen saeunyana panon-poe ti beurang ~ eta sok surup ~ kalawan waktu peuting ~ sareung ari srangenge pirang-pirang ati ~ eta heunteu, naon ~ anu surup.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana surupna cahaya dhohir, sareung ngagateungna cahaya batin. Nyaeta ari dadameulan Gusti Alloh sapeurti bumi sareung langit sareung sarupaning tatangkalan eta dicahayaan ku Gusti Alloh, teugeusna digindingan kalawan tapak dadameulan Gusti Alloh keneh, sapeurti ngagindingannana langit kalawan bintang, bulan sareung panon-poe, atawa ngagindingan bumi kalawan pirang-pirang keukeumbangan, bubuahan sareung pirang-pirang peupeulakan. Maka ku-ayana eta pirang-pirang ka-ayaan dunya digindingan kalawan kagindingan dun-ya deui, eta kagindingannana sareung cahayana sok surup sareung sok leungit. Atawa di manusa jiwa-raga digindingan ku Gusti Alloh kalawan panon sarta paningalina, sareung ceupil sarta danguna, sareung irung sarta angseuna, sareung panangan sarta keupatna, sareung sampean sarta leungkahna, sareung anu sejenna deui. Tah eta kabehannana ditungtungan ku ruksak sareung leungit. Seudeungkeun ari leuleumeusan anu aya di jiwa-raga manusa eta digindingan kalawan cahayana pirang-pirang sipat kaagungan Gusti Alloh sareung kasampurnaannana, maka cahayana leuleumeusan anu aya dina jiwa sapeurti didatangan elmu sareung kama’ripatan atawa cahaya Iman sareung Islam eta moal aya surupna sareung leungitna, nyaeta cahaya kayakinan anu aya dina hate anu ngabuahkeun kana tambahna beuramal. Maka lamun kuat kayakinannana maka bakal tambah kuat cahayana tur leuwih bangeut rasa ngeunahna ibadah, sahingga neupi kana Musyahadah ka Gusti Alloh, ngan ari jalma anu geus ngarasa ngeunah dina Musyahadah ka Gusti Alloh, maka sok katutupan ngarasa ngeunahna beur-amal.

Juz' 1 Hal 76 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 76 Jajaran 01

Ari jalma ahli ma’ripat ~ eta heunteu eureun-eureun, naon ~ pangabutuhna ieu jalma ahli ma’ripat ~ sareung heunteu bukti (heunteu leungit pangabutuhna) ~ sarta lian Gusti Alloh, naon ~ tuneuteupna pangabutuhna ieu jalma ahli ma’ripat ka Gusti Alloh.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana jalma ahli ma’ripat ku ayana tuluy-tuluyan naekkeun diri sareung tos beurangkat tina KAUN kana MUKAWWIN. Maka aranjeuna heunteu eureun-eureun butuh ku peurtulungannana tur kateungtreumannana eta sarta Gusti Alloh lain sareung anu sejenna, sabab jalma anu tuluy-tuluyan naekkeun diri pikeun tambah-tambah kamulyaan, maka salilana aya dina kabutuhan ka Gusti Alloh, sareung pangna geus heunteu ngabutuhkeun ka papada makhluk, sabab sadayana makhluk Gusti Alloh kaasup dirina jalma ahli ma’ripat eta heunteu ngabogaan daya sareung upaya, maka anjeuna heunteu butuheun sareung ngarasa reugreug ku makhluk Gusti Alloh.

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 36

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 36 Mata.....

Dimana-mana ngagorolangkeun Gusti Alloh ~ kana lisan anjeun ~ kalawan menta ~ maka kanyahokeun ku anjeun ~ kana yen saeunyana Gusti Alloh ~ eta ngareupkeun ~ kana yen bade masihan ka anjeun.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana Gusti Alloh eta ngajadikeun kana du’a jadi sabab kana ayana pamasih Gusti Alloh. Maka dimana-mana Gusti Alloh kareup kana ngaluluskeun pikeun hiji Abdi kana pamasih anu parantos ditangtukeun ti baheulana, maka Gusti Alloh ngabukakeun ka eta Abdi kana condong ngadu’a, maka dimana-mana eta Abdi teurus ngadu’a ~ bakal dihasilkeun eta peurkara anu geus ditangtukeun tibaheulana. Maka ari ngadu’a eta tina golongan bangsa adat, sapeurti obat-obatan anu jadi sabab kana cageurna panyakit, atawa ayana kawin jadi sabab kana hasilna anak. Maka eta sakur-sakur peurkara eta geus ditangtukeun ku sipat irodatna sareung teurcatat di Lauhul Mahfudh. Maka diayakeun ngadu’a eta pikeun ngadhohirkeun kana karupeukkan sareung butuhna ka Gusti Alloh, sareung rek ningalikeun sipat kaAbdian di hadapan Gusti Alloh. Jadi lain rek menta pikeun ngahasilkeun peurkara anu euweuh catatannana, Maka dimana-mana Gusti Alloh ngagorolangkeun kana lisan anjeun kalawan menta hiji peurkara anu ngagateung dina hate anjeun, atawa anjeun butuh kana eta peurkara, maka kanyahokeun ku anjeun yen saeunyana Gusti Alloh bade masihan kana peurkara anu dipenta ku anjeun, maka ulah bangeut kaseungsreum sareung ulah ngabuburukeun, sabab sakur peurkara dihadapan Gusti Alloh aya waktuna.

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 17

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 17 Mata.....

Dimana-mana Gusti Alloh mindahkeun/ngalingaskeun Gusti Alloh ka anjeun ~ ti makhlukna Gusti Alloh ~ maka kanyahokeun ku anjeun yen sa-eunyana Gusti Alloh ~ eta ngareupkeun Gusti Alloh ~ kana yen ngabukakeun ~ ka anjeun ~ kana lawang kareugreuggan ~ ku Gusti Alloh.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana biasana pangeursana Gusti Alloh dimana-mana bade ngareugreuggan ka Abdi ti makhlukna tuluy katungkul ngahidmah ka Gusti Alloh, tuluy masihan ilham Gusti Alloh ka eta Abdi kana eling ka Gusti Alloh, sahingga dimana-mana geus kapinuhan hatena kalawan pirang-pirang cahaya sareung geus biasa kana ngeunahna MUSYAHADAH, maka dibalikkeun deui ku Gusti Alloh reuseup ka manusa karna Gusti Alloh karunyaeun ka papada manusa. Jadi jalma anu rek dideukeutkeun ku Gusti Alloh, maka dijauhkeun heula eta jalma ti manusa, teugeusna heunteu hayang muntang ka makhluk, sareung makhluk oge eta heunteu bisa narulungan, sabab ari jalma anu loba keneh muntang ka makhluk tur loba anu nulungan, maka eta sok reugreug ku peurtulungan makhluk, sapeurti sateuacana Gusti Alloh ngadatangkeun wahyu ka kanjeun Nabi Muhammad saw, maka kanjeung Nabi dipaparin ilham condong nyeupen, sahingga kanjeung Nabi ngajauhan ti makhluk teuras calik di guha hiro dina sababaraha taun, maka teuras Gusti Alloh ngadatangkeun wahyu dina waktos kanjeun Nabi dijauhkeun ti papada manusa.

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 01 Khoiru.....

Ari pang-alus-alusna pirang-pirang waktu anjeun ~ eta waktu anu nyaksian anjeun ~ dina eta waktu ~ kana wujudna ~ karupeukkan anjeun ~ sarta ngabalikkeun anjeun ~ dina eta waktu ~ kana ayana ~ kahinaan anjeun.

Hikmah
Dina ieu hikma Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana waktu anu dipake INKISAR eta pang alus-alusna waktu, nyaeta ari pang alus-alusna waktu anjeun nyaeta waktu anu anjeun manggihan kana eta karupeukkan tuluy dibalikkeun kana ayana hinana diri, sahingga dina eta waktu anjeun ngarasa hina anu agung mah Gusti Alloh, sareung pangna ningali kana karupeukkan waktu anu pang alus-alusna, sabab karna 2 wajah, nyaeta:
  • Ari wajah anu kahiji ku-ayana anjeun ningali kana karupeukkan eta nganyatakeun sareung ningalikeun sipat kaAbdian anjeun, sareung ningalikeun kana ngagungkeun kana pangkat pangeran anjeun. Tah dina tingkah kitu Abdina Gusti Alloh eta aya dina kasampurnaan sareung aya dina kamulyaan. 
  • Ari kaduana sabab ayana karupeukkan eta bakal ayana tambah-tambah peurtulungan, sabab ayana sodaqoh eta sok dipasihkeunnana ka jalma anu rupeuk sareung pakir, maka deukeut kana datangna pamasih ti Gusti Alloh, sahingga di dawuhkeun ku Gusti Alloh: 
Saeunyana ari sodaqoh eta teuteup pikeun jalma anu pakir ~ miskin.
(S 9 At-Taubat : 60).

Maka lamun anjeun kareup kana jeumbarna pamasih ti Gusti Alloh, maka anjeun kudu nganyatakeun kalawan sabeuneur-beuneurna kana sipat kapakiran anjeun sareung karupeukkan. Sareung deui Gusti Alloh parantos ngadatangkeun kana peurtulungan ka para Muslimin dina ka-ayaan rupeuk sareung hina, sahingga didawuhkeun dina alQur’an:
Yakin parantos ngadatangkeun peurtulungan Gusti Alloh ka araranjeun kabeh dina waktu peurang Badar bari ka-ayaan anjeun eta anu ngarasa hina sareung rupeuk.

Terus Gusti Alloh henteu ngadatangkeun peurtulungan dina nalika jalma ngarasa kuat sareung ujub ku lobana, nyaeta kajadian dina peurang Hunain, dimana Muslimin anu araranyar keneh ngarasa ujub ku lobana. Maka ku-ayana ujubna Gusti Alloh heunteu ngadatangkeun peurtulungan, sakumaha dawuhan Gusti Alloh:
Sareung kudu ingeut anjeun dina waktu perang Hunain, nyaeta dina nalika-na ngajadikeun ujub ka araranjeun kabeh kuayana loba golongan anjeun, maka kuayana eta loba heunteu nyugihkeun ti araranjeun kabeh kana hiji peurkara, sahingga bumi asa rupeuk tuluy anjeun lumpat bari malabur. 
(Surat 9 At-Taubah : 25).

Juz' 1 Hal 15 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 15 Jajaran 01

"Heunteu aya manfaatna ~ kana hate ~ peurkara ~ anu sapeurtikeun uzlah ~ anu bisa asup jalma ~ ku sabab uzlah ~ kana lapangan tafakkur".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana wajibna ngubaran pirang-pirang panyakit hate, anu matak ngilangkeun sareung ngotoran ka jalma anu nuju nyukcruk titel anu mulya. Tah ieu tiasa diubaran ku sababaraha rupa, tapi moal aya anu leuwih manfaat pikeun ngubaran panyakit tinimbang uzlah, maka ieu uzlah kacida gede manfaatna, neupikeun ka tiasa ngadatangkeun kana lapangan tafakkur, anu ngajadikeun tambah-tambah kana ngagungkeun ka Gusti Alloh, kusabab ningali kana kakawasaannana, sahingga neurangkeun dina hadits:

"Ari tafakkur sawaktu eta langkung sae tinimbang ibadah 70 taun".

Sabab ieu tafakkur tiasa nganeupikeun kana ma’rifat, nganyahokeun hakekatna pirang-pirang peurkara, sareung kana ngagungkeun ka Gusti Alloh, sareung ngagungkeun ka sakur-sakur anu dipikarido ku Gusti Alloh.

Juz' 1 Hal 74 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 74 Jajaran 01 Faqotuka.....

Ari karupeukkan anjeun ~ pikeun anjeun ~ eta anu bangsa dzati ~ sareung ari datangna pirang-pirang sabab ~ eta anu ngelingan ~ ka anjeun ~ kana peurkara ~ anu samar ieu peurkara ~ ka anjeun ~ tina sawarehna pirang-pirang sabab ~ sareung ari karupeukkan ~ anu bangsa dzati ~ eta moal bisa ngilangkeun kana eta pangabutuh, naon ~ pirang-pirang sipat anu anyar-anyaran datang.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana manusa salagi dihirupan ku Gusti Alloh eta moal pisah tina karupeukkan sareung bangeutna pangabutuh, sabab eta bangeutna kabutuh eta bangsa dzati pikeun dirina manusa, sareung pangna ieu pangabutuh bangsa dzati, sabab jiwa manusa didameulna ku Gusti Alloh disusunkeun tina antara HISSI sareung MA'NAWI, teugeusna kalawan Kurungan sareung Kuringan, maka moal bisa hirup kurung tampa kuring, teugeusna jiwa-raga moal bisa ajeug lamun heunteu di bareungan kalawan ruh, sareung ari ayana ruh eta SIRRUN MIN ASRORILLAH, teugeusna hiji leuleumeus anu heunteu aya anu uninga kajaba Gusti Alloh. Sareung ari ayana pangabutuh eta didawuhkeun ku Gusti Alloh: 
"He eling-eling jalma-jalma ! Ari araranjeun kabeh eta pada barutuh kana peurtulungan Gusti Alloh, seudeungkeun ari Gusti Alloh eta anu sugih ti makhlukna tur anu maha teurpuji".
(Surat 35 Fatir : 15)

Sareung deui ayana pangabutuh, teugeusna datangna pirang-pirang sababna butuh eta jadi pepeling pikeun anjeun kana saeunyana anjeun teh maha butuh, sareung kuayana dihasilkeun ieu pirang-pirang anu dibutuhkeun eta moal bisa ngaleungitkeun kana kabutuh anjeun.

Juz' 1 Hal 73 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 73 Jajaran 01 Ni’matani.....

Ari dua ni’mat ~ eta heunteu kaluar, naon ~ anu di-ayakeun ~ tina eta dua ni’mat ~ sareung heunteu meunang heunteu ~ ka saban-saban anu di-ayakeun (makhluk tea) ~ tina dua ni’mat ~ Kahijina ni’mat IJAD ~ kadua ni’mat IMDAD ~ maparin ni’mat Gusti Alloh ka anjeun ~ dina mimitina ~ kalawan ngayakeun ~ sareung dina kaduana ~ kalawan tuluy-tuluyannana ~ peurtulungan Gusti Alloh.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen ni’mat anu ulah dipopohokeun, eta aya 2, nyaeta:
  1. Ni’mat diayakeunnana anjeun ku Gusti Alloh tina asal euweuh. 
  2. Ni’mat tuluy-tuluyanna peurtulungan Gusti Alloh, sahingga heunteu aya deutik anu kosong tina pirang-pirang kani’matan anu heunteu kabilang. 
Teugeusna ieu dua kani’matan eta salilana bakal tumeuteup dina sakabeh maujud anu moal bisa pisah. Sareung ari tuluy-tuluyna kani’matan anu patali sareung jiwa-raga nyaeta tuluy-tuluyannana pirang-pirang kani’matan anu jadi sabab cageurna anggahota. Sareung ari kani’matan anu bangsa Ma’nawi nyaeta pirang-pirang kanikmatan anu jadi cageurna sareung salameutna ruh nyaeta tina kayakinan sareung pirang-pirang elmu sareung kama’ripatan.

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 33

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 33 Alkaunu.....

"Ari kaayaan alam ~ teugeusna sakabehnana ~ eta poek ~ Sareung pastina nyaangan kana eta kaon ~ eta dohirna Gusti Alloh ~ dina eta kaon ~ Maka sing saha jalma ~ anu ningali ~ kana eta kaon ~ bari heunteu ningali ka Gusti Alloh ~ dina eta kaon ~ atawa deukeuteun eta kaon ~ atawa dina samemehna eta kaon ~ atawa dina saba’dana eta kaon ~ Maka teumeun geus ngudarkeun ka eta jalma ~ wujudna cahaya ~ Sareung dihalangan ~ ti eta jalma ~ pirang-pirang panon-poe ma’ripat ~ kalawan mega kaendahan dun-ya (Teugeusna : bakal ditutupan ka eta jalma pirang-pirang ma’ripat, anu disarupakeun kana panon-poe kahalangan ku kaendahan alam anu disarupakeun kana mega)".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana hiji jalan tina ma’ripat, anu mudah-mudahan jalma tiasa seumangeut, tur tiasa ma’ripat ku ieu peunjeulasan. Nyaeta ari ma’ripat ka Gusti Alloh eta tiasa jadi tina manteungna hate ka Gusti Alloh anu midameul makhluk, kusabab ningali makhluk, teugeusna ku ayana nyahoeun yen sakabeh alam diayakeun ku Gusti Alloh, maka ayeuna alam eta jadi dalil kana ayana Gusti Alloh, neupikeun ka dimana-mana ningali Makhluk, maka langsung panon hatena ningali ka (Kholiq : anu ngaameulna), neupikeun ka heunteu aya anu kateumpuh ku panon, kajaba ningali anu ngadameulna. Sedeungkeun ari paningali panon eta tuluy-tuluyan, maka tuluy hatena manteung ka Gusti Alloh anu ngadameulna. Tah ieu kaayaan sa-olah-olah popoek anu disarupakeun kana mega, anu moekan kana cahaya panon-poe. Tah tiasa katingalina peurkara dadameulan Gusti Alloh ku dhohirna Gusti Alloh dina eta peurkara, da lamun heunteu aya Gusti Alloh mah moal aya dadameulannana. Maka ari dimana-mana urang ningali kana dadameulan Gusti Alloh sakaligus ningali kalawan panon hatena. Maka sing saha-saha jalma anu ningali kana pirang-pirang peurkara dadameulan Gusti Alloh, kari-kari heunteu manteung panon hatena ka Gusti Alloh dina eta peurkara, atawa deukeut kana eta peurkara, atawa dina samemehna eta peurkara, teugeusna ayana keur dikeursakeun ku Gusti Alloh dina samemehna keur dikeursakeun ku Gusti Alloh, maka heunteu aya hartosna wujudna dina eta peurkara, maka katutup ma’ripat anu disarupakeun kalawan panon-poe, kalawan kaendahan alam, dadameulan Gusti Alloh anu disarupakeun sareung mega.

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 17 Jajaran 01

"Arek kumaha bisa moncorong ~ hate ~ seudeungkeun ari gambaran kaayaan dun-ya ~ eta anu napeul ~ dina eunteungna hate ~ Atawa rek kumaha bisana beurangkat ~ ka Gusti Alloh ~ bari ieu jalma ~ eta anu dibarogod kalawan syahwatna ~ Atawa rek kumaha bisana ngareup-ngareup ~ kana yen asup ieu si jalma ~ ka hadroh Gusti Alloh (tegesna Musyahadah ka Gusti Alloh) ~ bari ari eta jalma ~ heunteu beursih ~ tina junub ghoflah-na (teugeusna tina poho anu disarupakeun sareung junub) ~ Atawa kumaha rek ngareup-ngareup ~ kana yen ngarti ~ kana leuleumeusan rahasiah ~ bari eta jalma ~ heunteu beubeureusih ~ tina pirang-pirang dosana anu heunteu dihaja".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana pirang-pirang sipat peurlawanan anu moal tiasa pakumpulan salilana, teugeusna moncorongna hate sareung iman eta moal tiasa pakumpulan sareung popoek anu aya di jeuro hate, ku napeulna sareung nyantelna kaendahan dunya dina hate, Nyakitu deui moal tiasa pakumpul beurangkat ngajugjug ma’ripat ka Gusti Alloh kalawan neumpuh pirang-pirang tincakan, bari ka-ayaan diri anu dibaregod kalawan syahwat, teugeusna jalma anu keur dibaregod moal tiasa leumpang. Sareung nyakitu deui hayang anclub ma’ripat ka Gusti Alloh, anu kudu beursih hate eta moal tiasa pakumpul sareung dina Ghoflah-na anu disarupakeun sareung junub, maka sakumaha jalma anu junub dihalangan asup ka masjid, sareung nyakitu deui lamun hayang elmu Laduni. Sakumaha dawuhan Gusti Alloh:

"Anjeun kudu taqwa ka Gusti Alloh, maka Gusti Alloh bakal maparin elmu".
(Surat 2 Al-Baqarah: 282)

Jadi opat sipat anu biasa lamun aya dina hate salasahijina, maka bakal euweuh lalawannana. Sareung pikeun jalma anu hayang kasipatan ku sipat teurpuji, nyaeta kudu nganyahokeun lalawanannana, nyaeta anu cacad.

Juz' 1 Hal 18 Jajaran 21

Juz' 1 Hal 18 Jajaran 21 Mimma.....

"Eta teuteup tina sawarehna peurkara anu nuduhkeun ka anjeun ~ kana wujudna al-Qohhar-na Gusti Alloh Swt ~ ari yen nutupannana Gusti Alloh ka anjeun ~ ti Gusti Alloh ~ tina peurkara ~ anu lain ieu peurkara ~ eta anu maujud hakiki ~ sarta Gusti Alloh".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana ma’ripat ka Gusti Alloh eta tiasa tina jalan ma’ripat kana sipat QOHHARna Gusti Alloh, teugeusna Gusti Alloh kasipatan ku sipat QOHHAR, hartosna Dzat anu tiasa ngalus-ngaluskeun kana sakahoyongna, sareung heunteu aya anu tiasa ngahalangan kana Qudrotna, neupikeun ka sakur-sakur peurkara anu diIrodatkeun ku Gusti Alloh, anu akur sareung elmuna, eta bakal ngajadi. Maka lamun jalma beuneur-beuneur ma’ripat kana sipat QOHHARna Gusti Alloh, maka bakal nimbulkeun kana rasa heunteu boga daya sareung upaya, sahingga bakal pasrah kana sagala katangtuannana. Sareung ari peurkara anu nuduhkeun kana ayana sipat QOHHARna Gusti Alloh, nyaeta Gusti Alloh nutupan ka urang sadaya, sahingga urang heunteu tiasa ningali ka dzat Gusti Alloh, bari heunteu aya hahalang, padahal mah Gusti Alloh:

"Jeng ari kami anu agung, eta leuwih deukeut tinimbang urat anu nganteung dina beuheung".
(Surat 50 Qaaf: 16)

"Maka ka mana wae aranjeun nyinghareup, maka didinya Dzat Alloh".
(Surat 2 Al-Baqarah: 115)

"Sareung ari Alloh, eta sarta aranjeun kabeh, dimana wae aranjeun aya".
(Surat 57 Al-Hadiid : 4)

Tapi ku naon urang heunteu tiasa ningali. Tah ku heunteu tiasa ningalina bari kaayaan deukeut, eta nuduhkeun kana sipat Qohhar-na Gusti Alloh. Sahingga di jaman baheula dina waktos kanjeung Nabi Musa nampi dadawuh ti Gusti Alloh, ti dinya kanjeung Nabi Musa hoyong teupang sareung dzat Gusti Alloh, saur Gusti Alloh, anjeun masih keneh kahalangan tina ningali ka Kawula, tuh tingali gunung, lamun eta gunung masih teuteup dina teumpatna, maka anjeun bakal bisa ningali ka Kawula, tapi barang ret Nabi Musa ningali kana eta gunung, gunung parantos heunteu aya, maka teuras kanjeung nabi Musa ngajungkeul bari pingsan, barang parantos damang, teuras kanjeung nabi Musa taubat. Teuras deui dina waktos kanjeun nabi Musa nyandak sohabatna 70 urang dicandak ka gunung Tursina, pikeun jadi saksi bahwa kanjeung Nabi Musa beuneur-beuneur dadawuh ti Gusti Alloh, tuluy anu 70 urang keneh hayang ningali Gusti Alloh, neupikeun ka ngaluarkeun omongan:

"Kawula moal iman ka anjeun, neupikeun ka Kawula bisa ningali heula ka Alloh kalawan ngajeuleugeuteug".
(Surat 2 Al-Baqarah: 55)

Maka teuras Gusti Alloh ningalikeun kana maha QOHHARna, neupikeun ka anu 70 urang disambeur geulap, neupi ka maraot kabeh. Jadi manusa heunteu tiasa ningali ka Gusti Alloh padahal deukeut, sareung heunteu tiasa maksakeun. Tah eta jadi ciri kana sipat QOHHARna Gusti Alloh.

Juz' 1 Hal 72 Jajaran 29

Juz' 1 Hal 72 Jajaran 29 Ma’shiyyatun.....

Ari maksiat ~ anu ngawaris ~ kana depe-depe ~ sareung ngarasa pakir ~ eta leuwih alus ~ tinimbang toat ~ anu ngawaris ~ kana gumuluhur ~ sareung takabbur.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana peurhitungan Gusti Alloh eta buahna toat sareung Maksiat, sabab Gusti Alloh heunteu ningali kana rupa anjeun sareung amal, anging pastina ningali kana hate anjeun sareung buahna amal, maka lamun aya toat anu heunteu ngabijilkeun kana buahna, eta alus keneh Maksiat anu jadi WASILAH kana buahna toat. Ari buahna toat nyaeta depe-depe dihadapan Gusti Alloh tur KHUSU' sareung pasrah ka Gusti Alloh sareung INKISAR hate dihadapan Gusti Alloh. Maka lamun aya toat heunteu ngabuahkeun kana sipat anu bieu sapeurti toatna ngajadikeun ujub, riya sareung takabbur asa diri agung eta alus keneh Maksiat anu ngajadikeun buahna toat, teugeusna alus keneh Maksiat anu nimbulkeun kana depe-depe sareung KHUSU' sareung INKISAR hate, pasrah sumeurah ka Gusti Alloh, sabab toat anu heunteu buahan sareung Maksiat anu heunteu aya buahan eta ngansaukur gambaran wungkul, teugeusna toat ngan saukur cigana sareung Maksiat ngan saukur cigana, maka kudu dibalikkeun kana pokona nyaeta jalma kudu KHUDLU' sareung TAWADLU' ka Gusti Alloh, maka lamun Maksiat anu nimbulkeun kana KHUDLU' sareung TAWADLU' eta leuwih alus tinimbang toat anu ngajadikeun KHUDLU' sareung TAWADLU'.

Juz' 1 Hal 72 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 72 Jajaran 01 Rubbama.....

Teurkadang ngabukakeun Gusti Alloh ~ ka anjeun kana lawang toat ~ tapi heunteu ngabukakeun Gusti Alloh ~ ka anjeun kana lawangna panarimaan ~ Sareung teurkadang mastikeun Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ kana dosa ~ maka ku aya eta dosa ~ eta jadi sabab dina wushul.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana jalma anu toat ka Gusti Alloh eta ulah ngarasa ujub ku bisa toat, sareung ulah tatageunan kana bisana toat, sabab teurkadang Gusti Alloh ngabukakeun pikeun anjeun kana lawang toat wungkul, seudeungkeun ari lawang panarimaan eta ditutup. Maka dimana-mana anjeun bisa toat eta kudu ngoreksi kana pirang-pirang timgkah anu ngabatalkeun kana ganjaran toat sareng kudu beuneur-beuneur, sahingga anjeun ngarasa kana buahna toat sapeurti ngarasa reugreugna hate, sareung heunteu aya anu dipikasieun kajaba Gusti Alloh, sapeurti ngalap cukup kalawan paningali Gusti Alloh sareung rido kana pamastina sareung bagiannana.

Sareung deui Maksiat jalma eta ulah ngajadikeun putus asa, sahingga jadi leuwih jauh ti Gusti Alloh, tapi eta pama’siyatan anu geus teurjadi ku anjeun kudu dijadikeun jalan Wushul ka Gusti Alloh, sabab teurkadang Gusti Alloh ngeursakeun dosa tuluy eta dosa jadi sabab kana Wushul anjeun ka Gusti Alloh. Sareung ari hadits anu nuduhkeun kana ayana toat bari heunteu aya ganjarannana, nyaeta sakumaha dawuhan kanjeun Nabi:
Mang pirang-pirang jalma anu puasa heunteu aya bagiannana ladang puasana kajaba lapar sareung dahaga, sareung mang pirang-pirang jalma anu hudang ti peuting ngageduk sholat tapi heunteu aya bagiannana kajaba ngansa-ukur hudang.

Maka kusabab kitu urang ulah ujub sareung tatageunan kana amal.

Sareung ari hadits anu nuduhkeun kana maksiat anu ngajadikeun Wushul nyaeta dawuhan kanjeun Nabi:
Hartosna: Mang pirang-pirang dosa anu ngajadikeun asup ka surga – tuluy para Sohabat naros – Kumaha Gusti kajadiannana – ngadawuh kanjeung Nabi – eta jalma anu beurdosa heunteu eureun-eureun tobat sareung ngajauhan tina eta dosa neupi ka maot, tuluy di-asupkeun ku Gusti Alloh ka surga.

Juz' 1 Hal 105 Jajaran 11

Juz' 1 Hal 105 Jajaran 11 Idza.....

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana kakuduan jalma dina nalika meunang pujian, nyaeta dimana-mana anjeun meunang pujian teugeusna dipuji-puji ku jalma bari anjeun heunteu boga rasa kana ngamilikan eta pujian, naha kusabab heunteu ayana sipat pujian dianjeun atawa kuayana anjeun dipinuhan ku pirang-pirang kaaiban, maka anjeun dimana dipuji-puji kudu buru-buru ngabalikeun kana eta pujian ka Alloh anu ngagaduhan pujian supaya kuayana ngabalikeunnana eta pujian ka Alloh eta jadi syukuran kana nikmat ti Alloh tos nutupan kana kaaiban anjeun, da lamun didhohirkeun mah sipat kaaiban anjeun pasti moal meunang pujian, maka anjeun ulah katipu sahingga jadi ragrag kapangkatan anjeun kuayana dipuji-puji.

Juz' 1 Hal 51 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 51 Jajaran 01

Kudu sieun anjeun ~ tina ayana nyieun kahadeannana Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ sarta ngalanggeungkeunnana kana gawe goreng anjeun ~ ka Gusti Alloh ~ kana yen bukti ~ eta pamasih teh ~ eta samata-mata panyungkun ka diri anjeun ~ (dawuhan Gusti Alloh dina surat 7 Al-A’roof : 182) bakal nyungkun kawula anu agung ka jalma-jalma ~ tina arah-arah ~ bari heunteu nyahoeun eta panyungkun.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana ni’mat eta:
"Dhohirna balahi, batinna kani’matan".

Teugeusna urang dimana-mana dibere kani’matan dina dhohirna mah eta kani’matan, dina batinna mah eta cocoba, sabab lamun urang heunteu bisa syukuran kana ni’mat, maka urang diancam kalawan siksaan, sakumaha dawuhan Gusti Alloh:
"Sareung teumeun-teumeun lamun kalupur aranjeun kabeuh, saeunyana adzab kawula eta anu kacida bangeutna".
(Surat 14 Ibrohim : 7)

Maka lamun urang dibere kani’matan, urang kudu ngarasa paur sieun heunteu bisa nyukurannana. Maka dimana-mana datang ni’mat eta kudu tambah-tambah ningkatkeun kataqwaan ka Gusti Alloh, ku peurjalanan eta ni’mat, sareung kudu ngoreksi bisi aya dosa ladang eta ni’mat, sabab lamun urang heunteu ati-ati tina pirang-pirang dosa, sahingga loba dosa anu kalakonan bari Gusti Alloh tuluy-tuluyan mere kani’matan. Tah eta kudu paur ka yen pamasihna eta samata-mata Istidroj, sabab Gusti Alloh bakal nyungkun bari urang heunteu nyaho bahwa eta sungkunan. Maka satukangeun eta ni’mat bakal datang siksaan anu bangeut.

Juz' 1 Hal 09 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 09 Jajaran 01

"Ulah ngajadikeun mangmang ka diri anjeun ~ dina jangjina Gusti Alloh ~ ku heunteu tumibana anu dijangjikeun ~ sanajan tangtu eta zamanna anu dijangjikeun ~ nyaeta supaya ulah bukti ~ kamangmangan ~ jadi kacacadan ~ dina paningali hate anjeun ~ sareung mareuman ~ kana cahaya leuleumeusan anjeun, teugeusna cahaya hate anjeun".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun yen ku ayana heunteu bukti jangji Gusti Alloh, eta ulah ngajadikeun mangmang dina beuneurna perjanjian Gusti Alloh, tapi kudu boga kayakinan yen saeunyana Gusti Alloh bakal ngalaksanakeun dina waktu anu leuwih maslahat, sabab kadang-kadang eta peurjanjian Gusti Alloh datangna dijalankeun kana pirang-pirang sabab sareung syarat anu dipilih ku Gusti Alloh, anu katingali ku Gusti Alloh, tur heuteu katingali ku manusa. Maka sakuduna kudu adab ka Gusti Alloh bari teunang dina sakumaha anu dijangjikeun ku Gusti Alloh, ulah galideur sareung mangmang dina peurjangjiannana, sareung ulah goncang dina patekadan. Maka sing saha jalma anu nyicingan dina ieu sipat, teugeusna beradab dibareungan kalawan teunangna hate nalika heunteu bukti anu dijangjikeun, maka eta jalma parantos ma’ripat ka Gusti Alloh, tur salamet panon hatena. Sabalikna ari jalma anu mangmang dina jangji Gusti Alloh, maka ku mangmangna eta ngajadikeun cacad dina panon hatena sareung pareum cahaya rasiah hatena. Sareung ari anu dimaksud kujangjina Gusti Alloh, nyaeta sapeurtos jangji anu datang ka pirang-pirang Walina Gusti Alloh ku peurjalanan ilham, atawa anu datang ka pirang-pirang Nabi kalawan peurjalanan wahyu, sapeurtos Gusti Alloh parantos ngawahyukeun ka kanjeung Nabi kana bakal teurbuka nagara mekah dina waktos kanjeung Nabi bade beurangkat ka nagara Mekah sarta 1400 Sohabat, teuras kanjeung Nabi nyarios ka para Sohabat yen kanjeung Nabi bakal neupi ka nagara Mekah ~ Umroh, tur sanagara mekah bakal beurat asup kana agama islam, maka saparantosna beurangkat kanjeung Nabi dugi ka tanah Hudaibah teurus dihalangan ku kapir henteu meunang beurangkat ka tanah mekah dina ieu tahun, dugi ka kanjeung Nabi mulih deui ka Madinah. Tah ieu kanjeung Nabi hiji jalmi anu ma’ripat ka Gusti Alloh, anjeuna pasrah sareung heunteu ngaraos mangmang, maka ku Gusti Alloh dilaksanakeunnana teurbuka nagara Mekah, sareung Umrohna kanjeung Nabi dina taun hareup.