Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 01 Tanawwa'at.....

"Eta rupa-rupa ~ ari jinisna pirang-pirang amal ~ ku sabab rupa-rupana ~ kurnia anu datang kana hate".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunya Gusti Alloh ngadatangkeun kana pirang-pirang warnana amal, pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh. Tah eta dibareungkeun sareung datangna pirang-pirang warnana kurnia Gusti Alloh, anu datang kana hate, neupikeun ka sawarehna jalma anu reuseup kana beuribadah kalawan Sholat, sareung aya anu reuseup kana Puasa, sareung aya anu reuseup kana Wiridan-wiridan. Tah eta bijilna tina rupa-rupa kurnia Gusti Alloh anu datang kana hate. Sareung ari alusna pirang-pirang Amal eta buahna tina pirang-pirang Ahwal. Maka ari anu alus ahwalna pasti alus amalna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar