Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 83 Jajaran 09

Juz' 1 Hal 83 Jajaran 09

Dimana-mana Gusti Alloh ngajadikeun ka anjeun ~ dina dhohirna ~ kana bisa turut kana parentahannana ~ sareung ngarizqian Gusti Alloh ka anjeun ~ dina batinna ~ kana rasa pasrah sumeurah ~ kana katangtuan sareung paksaannana Gusti Alloh ~ maka yakin Gusti Alloh parantos ngagungkeun ~ kana pamasihna ~ teurhadap anjeun.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen sa-eunyana pang agung-agungna adab-adaban sareung pang utama-utamana nyaeta turut kana parentahan Gusti Alloh sareung pasrah sumeurah kana katangtuannana Gusti Alloh. Maka dimana-mana Gusti Alloh ngajadikeun ka anjeun kana bisa turut kana parentah Gusti Alloh sareung ngajauhan larangannana, teugeusna Gusti Alloh maparin Taufiq ka anjeun pikeun ngalaksanakeun toat bari dina hate anjeun dikeursakeun bisa pasrah sumeurah kana katantuan Gusti Alloh, teugeusna rido anjeun kalawan kurnia anu pang hade-hadena, sabab kani’matan anu ieu eta jadi jalan kana ma’ripat ka Gusti Alloh, nyaeta anu jadi puncakna tujuan, sareung jadi panungtungan kani’matan. Sabab ari nurut kana parentahan dina dhohirna eta nuduhkeun kana kasampurnaan Syariat. Sareung ari nganyatakeun sipat kaAbdian sareung pasrah sumeurah dina batinna anu nuduhkeun kana kasampurnaan Thoriqot, sareung panungtungannana Haqiqot. Maka ari kumpulna dua kani’matan eta jadi dua panungtungan kasampurnaan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar