Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 51 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 51 Jajaran 01

Kudu sieun anjeun ~ tina ayana nyieun kahadeannana Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ sarta ngalanggeungkeunnana kana gawe goreng anjeun ~ ka Gusti Alloh ~ kana yen bukti ~ eta pamasih teh ~ eta samata-mata panyungkun ka diri anjeun ~ (dawuhan Gusti Alloh dina surat 7 Al-A’roof : 182) bakal nyungkun kawula anu agung ka jalma-jalma ~ tina arah-arah ~ bari heunteu nyahoeun eta panyungkun.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana ni’mat eta:
"Dhohirna balahi, batinna kani’matan".

Teugeusna urang dimana-mana dibere kani’matan dina dhohirna mah eta kani’matan, dina batinna mah eta cocoba, sabab lamun urang heunteu bisa syukuran kana ni’mat, maka urang diancam kalawan siksaan, sakumaha dawuhan Gusti Alloh:
"Sareung teumeun-teumeun lamun kalupur aranjeun kabeuh, saeunyana adzab kawula eta anu kacida bangeutna".
(Surat 14 Ibrohim : 7)

Maka lamun urang dibere kani’matan, urang kudu ngarasa paur sieun heunteu bisa nyukurannana. Maka dimana-mana datang ni’mat eta kudu tambah-tambah ningkatkeun kataqwaan ka Gusti Alloh, ku peurjalanan eta ni’mat, sareung kudu ngoreksi bisi aya dosa ladang eta ni’mat, sabab lamun urang heunteu ati-ati tina pirang-pirang dosa, sahingga loba dosa anu kalakonan bari Gusti Alloh tuluy-tuluyan mere kani’matan. Tah eta kudu paur ka yen pamasihna eta samata-mata Istidroj, sabab Gusti Alloh bakal nyungkun bari urang heunteu nyaho bahwa eta sungkunan. Maka satukangeun eta ni’mat bakal datang siksaan anu bangeut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar