Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 93 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 93 Jajaran 01 Idza.....

Dimana-mana kareup Gusti Alloh ~ kana ngadhohirkeun ~ kurniana Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ maka ngadameul Gusti Alloh kana eta kurnia ~ tuluy ngabangsakeun (di-akukeun) ~ ka anjeun.

Hikmah
Saba’da Mushonnif ngamukakeun kana kaadilan Gusti Alloh, maka dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana FADLOLna Gusti Alloh, teugeusna dimana-mana Gusti Alloh bade ngadhohirkeun kana FADLOLna sinareung kasaeannana tur rek ngabubungah ka Abdina, maka Gusti Alloh eta sok midameul pagawean di Abdina tuluy diakukeun ka eta Abdi. Sahingga dawuhan Gusti Alloh:

Pek anjeun arasup ka surga kalawan amal-amal anu geus dipigawe ku anjeun kabeh.
(Surat 16 An-Nahl : 32)

Tah dina ieu bahasa Gusti Alloh ngabubungah ka jalma ahli surga kalawan ngakukeun pagawean amal sholeh ka ahli surga. Padahal eta padameulannana ahli surga dikeursakeun ku Gusti Alloh.

Peurlu dikanyahokeun yen saeunyana Gusti Alloh eta parantos ngayakeun ka pirang-pirang makhlukna kana 3 golongan, nyaeta: 

1. Golongan anu dicawiskeun ku Gusti Alloh pikeun meunang siksaan, maka ngadhohirkeun Gusti Alloh, teugeusna masihan uninga ka jalma kana jeuneungan Gusti Alloh alMuntaqim (dzat anu nyiksa), sareung jeuneungan alQohhar, sareung ngadatangkeun Gusti Alloh ka eta golongan kana rupa-rupa pama’siyatan kalawan kalawan hikmah Gusti Alloh tuluy ieu pama’siyatan di-akukeun ka eta golongan kalawan kaadilannana sareung Qohharna Gusti Alloh, tuluy Gusti Alloh nangtukeun hujjah sareung ngadhohirkeun kana hikmah kalawan dawuhannana:

"Sareung ari pangeran anjeun eta lain anu dolim ka Abdina, sareung Kawula anu agung eta heunteu dolim ka pirang-pirang Abdina, tapi bukti ieu Abdi pada dolim ka diri-dirina".

2. Sareng sagolongan deui aya siksaan Abdi anu dicawiskeun ku Gusti Alloh pikeun meunang HILMIna Gusti Alloh, supaya dhohir jeuneungan Gusti Alloh alHalim sareung jeuneungan arRohim, tuluy Gusti Alloh ngadatangkeun kana rupa-rupa pama’siyatan sareung papaesan kalawan kaimanan, satuluyna ku ayana ma’siyat, maka nga-haq kana siksaan, saba’da peuneuntuan bakal disiksa tuluy Gusti Alloh HILIM ka eta jalma, teugeusna heunteu buru-buru nyiksa tuluy ngahampura tuluy Gusti Alloh ngasupkeun ka surga.

3. Ari golongan bagian ka tilu, nyaeta golongan Abdi anu dicawiskeun ku Gusti Alloh pikeun narima kana sipat berehannana Gusti Alloh supaya dhohir pada uninga kana jeuneungan Gusti Alloh alKarim sareung jeuneungannana arRohman & arRohim nyaeta Gusti Alloh ngeursakeun toat sareung ihsan di eta Abdi, tuluy mapaesan Gusti Alloh kalawan iman sareung islam, samalah teurkadang dijadikeun ku Gusti Alloh anu tukang ma’ripat ka Gusti Alloh. Tah dimana-mana Gusti Alloh rek ngeursakeun pangbubungah ka Abdina, maka Gusti Alloh nyawiskeun kana pirang-pirang warnana toat, tuluy ngadameul Gusti Alloh kana kakuatan kana migawe kahadeannana tur diakukeun ka eta Abdi, sahingga ngadawuh: He ! Abdi kawula anjeun geus migawe kahadean, maka Kawula rek ngabaleus ka aranjeun, jung asup anjeun ka surga kalawan rohmat Kawula.

Sateurusna peurlu dikanyahokeun yen sa-eunyana anjeun eta kudu adab dipayuneun Gusti Alloh, teugeusna sing kade ulah ngakukeun kana sipat kakurangan sareung pama’siyatan ka Gusti Alloh, teugeusna ulah nyeubut yen Gusti Alloh geus ngeursakeun Maksiat kana diri, maka pastina anu ngalacutkeun ka anjeun eta diri anjeun sareung syaiton anu dikutuk, maka Gusti Alloh ngadawuh:

Ulah ngajadikeun peurtipuan kahirupan Dunya ka aranjeun kabeh, sareung ulah ngajadikeun peurtipuan Syaiton ka aranjeun kabeh ka Gusti Alloh.
(Surat 31 Luqman : 33)

Sareung anapon ari naon-naon pagawean anu aralus tur sampurna, maka eta kudu diakukeun ka Gusti Alloh, sareung kasopanan urang dina syari’at, teugeusna ucapan lisan sing kade ulah nudingkeun kana pagawean goreng ti Gusti Alloh, teugeusna pagawean goreng eta kudu bijil tina nafsu, seudeungkeun ari anu alus eta pamasih ti Gusti Alloh sakumaha dawuhannana:

Naon wae nikmat anu tumiba ka anjeun tina kasaean maka eta datangna ti Gusti Alloh, sareung naon wae beuncana anu tumiba ka anjeun tina kagorengan maka eta datangna ti diri anjeun.
(Surat 4 An-Nisaa : 79).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar