Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 36

Juz' 1 Hal 92 Jajaran 36 La.....

Ulah nagih anjeun ~ kana bayaran ~ kana pagawean ~anu lain anjeun (dina hakekatna eta pagawean) ~ kana eta pagawean ~ halna anu migawe ~ maka cukup pikeun anjeun ~ tina babaleusna ~ pikeun anjeun ~ kana pagawean, naon ~ yen bukti Gusti Alloh ~ kana eta pagawean ~ eta anu narima.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif masih keneh meurtelakeun kana yen urang kudu mikir kalawan mikir anu sabeuneurna, teugeusna urang ulah wani-wani nagih ka Gusti Alloh kana buruhannana amal, nyaeta urang kudu era rek nagih buruhan ka Gusti Alloh, seudeungkeun anu ngeursakeun bisa amal oge eta Gusti Alloh, teugeusna urang dikeursakeun ku Gusti Alloh bisa amalna tur dipaparinan taufiq sareung hidayah-na, sahingga urang bisa amal. Maka kacida heunteu panteusna rek menta buruhan, maka cukup pikeun babaleusna ti Gusti Alloh ku ayana ditarima oge. Nurutkeun AHLUL HAQQ, yen saeunyana Abdina Gusti Alloh eta pagaweannana atas paksaan Gusti Alloh anu geus ditangtukeun ku irodatna, sareung dikeursakeun kalawan qudrotna, sakabeh pagawean Abdi eta Gusti Alloh anu ngeursakeunnana, sakumaha anu didawuhkeun dina alQur’an:

Sareung pangeran anjeun anu nyiptakeun naon wae peurkara anu dikeursakeun, sareung pamilihNa, heunteu bukti pikeun maranehna pamilih.
(Surat Al-Qoshosh : 68)

Sareung Alloh anu nyiptakeun arangjeun kabeh, sareung nyiptakeun naon wae peurkara anu araranjeun migawe kana eta peurkara.
(Surat 37 Ash-Shooffaat : 96)

Maka saestuna ari Alloh eta nyasarkeun ka jalma anu dikeursakeun sasar, sareung nuduhkeun Alloh ka jalma anu dikeursakeun dipaparin pituduh.
(Surat 35 Al-Fathiir : 8)

Alloh nibakeun adzab ka saha wae jalma anu dikeursakeun, sareung maparin rohmat ka saha wae jalma anu dikeursakeun.
(Surat 29 Al-Ankabuut : 21)

Sareung heunteu bisa nangtukeun aranjeun kabeh kana pagawean kajaba pagawean anu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh tur dikeursakeun ku Robbal Alamin. 
(Surat At-Takwiir 81 : 29) sareung dina (Surat 76 Al-Insan : 30)

Sareung dawuhan kanjeung Nabi saw:
Ari saban-saban peurkara eta teuteup kalawan Qodlo sareung Qodarna Gusti Alloh sahingga leumah sareung sampurnana. (teugeusna ku campeulang sareung seumangeutna eta jadi pagawean urang dina bisa beur-amal).

Tah kuayana bisa toat eta teh mangrupakeun hidayah ti Gusti Alloh seubagai panghurmatan pikeun Abdina anu rek dikeursakeun bagja ku Gusti Alloh. Jadi kuayana bisa toat sakuduna syukuran lain ujub sareung menta babaleus. Jadi dina ieu hikmah Mushonnif marentahkeun yen urang kudu beurpikir neupi ka pamikiran anu bieu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar