Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 37

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 37 Idfin.....

"Kudu ngubur (nyumputkeun) ~ kana ka-ayaan anjeun, teugeusna kana kamasyuran anjeun ~ dina taneuh suwung (teumpat susuwung anu disarupakeun sareung taneuh) ~ Sabab ari peurkara anu jadi ~ tina peurkara (sisikian anu heunteu dipeulak tea) ~ anu heunteu dikubur ~ eta moal sampurna ~ panghasilannana eta peurkara".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana tingkah anu panghandapna pikeun ngahasilkeun ikhlas, nyaeta kudu nyumputkeun kana kamasyhuran, teugeusna dimana-mana anjeun dipaparin kautamaan ku Gusti Alloh, maka kudu disumputkeun, sabab ku disumputkeunnana bakal ngahasilkeun kana tambah-tambahna, sareung buahna anu sampurna, sareung jauh tina hayang dipuji anu ngajadikeun Awon sangka, sareung jauh tina riya. Maka bakal deukeut kana ikhlas sareung depe-depe. Tah ieu disarupakeun sareung meulakna sisikian, maka ku dikuburna bakal sampurna akarna anu nimbulkeun kana sampurna tangkalna. Seudeungkeun lamun peupeulakan heunteu dikubur, maka jadina moal sampurna, tur deukeut kana bahayana samalah samemeh jadi oge teurkadang aya anu macok atawa garing kapoe. Maka nyakitu deui jalma anu reuseup nonjolkeun kana ka utamaan sorangan, diteumrak-teumrak hayang kanyahoan ku batur, maka moal beurtambah-tambah sareung moal sampurna, kadang-kadang leungit kautamaannana, sabab sok diseubut larangan saena ibadah. Dawuhan Gusti Alloh dina alqur’an:

"Naha heunteu meurhatikeun anjeun, kumaha Gusti Alloh ngadameul kana hiji conto kalimat anu hade, sapeurti hiji tangkal anu hade, anu akarna kuat sareung dahanna ngayab ka langit, tur anu ngadatangkeun kana hasilna dina saban-saban musim/waktu".
(Surat 14 Ibrahim: 24 - 25).

Nyaeta pikeun conto jalma anu beurtauhid, anu nanceub dina jeuro hatena, sahingga nimbulkeun kana pirang-pirang amal anu tiasa ngahasilkeun kana pirang-pirang ganjaran, lir ibarat hiji tatangkalan anu akarna ngayab, sahingga tangkalna subur, daunna hejo ngemplok tur buahna leubeut, sahingga tiasa di alap manpaatna dina saban-saban waktu. Tah eta akibat meulakkeun sisikian di jeuro taneuh, sahingga akarna ngayab dina jeuro taneuh, tuluy nimbulkeun tangkal anu subur, buahna leubeut. Maka pikeun anu nyukcruk hayang pangkat anu mulya, maka kudu nyumputkeun kamulyaan tuluy dipupuk kalawan Ikhlas sareung Khusu’, loba munajat ka Gusti Alloh, maka lila-lila nimbulkeun kana tambah-tambahna sareung buahna anu sampurna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar