Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 36

Juz' 1 Hal 75 Jajaran 36 Mata.....

Dimana-mana ngagorolangkeun Gusti Alloh ~ kana lisan anjeun ~ kalawan menta ~ maka kanyahokeun ku anjeun ~ kana yen saeunyana Gusti Alloh ~ eta ngareupkeun ~ kana yen bade masihan ka anjeun.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana Gusti Alloh eta ngajadikeun kana du’a jadi sabab kana ayana pamasih Gusti Alloh. Maka dimana-mana Gusti Alloh kareup kana ngaluluskeun pikeun hiji Abdi kana pamasih anu parantos ditangtukeun ti baheulana, maka Gusti Alloh ngabukakeun ka eta Abdi kana condong ngadu’a, maka dimana-mana eta Abdi teurus ngadu’a ~ bakal dihasilkeun eta peurkara anu geus ditangtukeun tibaheulana. Maka ari ngadu’a eta tina golongan bangsa adat, sapeurti obat-obatan anu jadi sabab kana cageurna panyakit, atawa ayana kawin jadi sabab kana hasilna anak. Maka eta sakur-sakur peurkara eta geus ditangtukeun ku sipat irodatna sareung teurcatat di Lauhul Mahfudh. Maka diayakeun ngadu’a eta pikeun ngadhohirkeun kana karupeukkan sareung butuhna ka Gusti Alloh, sareung rek ningalikeun sipat kaAbdian di hadapan Gusti Alloh. Jadi lain rek menta pikeun ngahasilkeun peurkara anu euweuh catatannana, Maka dimana-mana Gusti Alloh ngagorolangkeun kana lisan anjeun kalawan menta hiji peurkara anu ngagateung dina hate anjeun, atawa anjeun butuh kana eta peurkara, maka kanyahokeun ku anjeun yen saeunyana Gusti Alloh bade masihan kana peurkara anu dipenta ku anjeun, maka ulah bangeut kaseungsreum sareung ulah ngabuburukeun, sabab sakur peurkara dihadapan Gusti Alloh aya waktuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar