Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 90 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 90 Jajaran 01 Lamma.....

Samangsa-mangsa uninga, saha ~ Dzat Gusti Alloh ~ ti anjeun ~ kana ayana boseun ~ maka ngarupa-rupakeun Gusti Alloh ~ pikeun anjeun ~ kana pirang-pirang tingkahna toat ~ Sareung uninga Gusti Alloh kana peurkara ~ anu aya di anjeun ~ tina ayana sarakah ~ maka ngeukeur Gusti Alloh kana eta toat ~ ka anjeun ~ tina sawarehna pirang-pirang waktu ~ supaya bukti, naon ~ cita-cita anjeun ~ kana ngalaksanakeun sholat ~ lain ngayakeun sholat ~ sabab heunteu sakur-sakur jalma anu sholat ~ eta anu ngalaksanakeun.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana ngarupakeunnana Gusti Alloh kana toat supaya ulah boseun. Sareung ngeukeur Gusti Alloh kana toat dina saban-saban waktu supaya ulah raribut migawe. Tah eta dua kani’matan anu kacida geude anu dipasihkeun ku Gusti Alloh ka Abdina, sabari ieu boseun sareung rakus eta dua fitnah anu geude anu bisa meugatkeun kana hubungan antara Abdi sareung Pangerannana, sahingga kuayana boseun sok timbul ngewa anu mengkolkeun ka jalma anu beuramal, biasana timbul tina masaqotna anu ieu kacida bahayana, nyakitu deui kuayana rakus beuribadah, teugeusna ribut geus kaseungsreum kana beuramal eta oge sok ngadatangkeun kana kakurangan sareung gagabah dina ngalaksanakeunnana. Maka kuayana kitu Gusti Alloh ngarupa-rupakeun toat, tur toat oge eta diwaktu-waktu, sahingga sholat fardu dicaram migawena dina lain waktuna, nyakitu keneh sholat sunat dicaram migawena dina waktu anu makruh, nyaeta supaya bukti cita-cita anjeun kana ngalaksanakeun sholat nyaeta sholatna bari ngaraksa syarat sareung rukunna tur ngaraksa hate, nyaeta ngahadirkeun hate sarta Gusti Alloh dina waktu sholat lain pikeun ngayakeun sholat, sabab heunteu sakur-sakur jalma anu sholat eta ngalaksanakeun, teugeusna ku-ayana sholat anu fardu ngan sa-ukur lima waktu dina sapoe sapeuting, atawa puasa bulan romadhon ngan sa-ukur sabulan dina jeuro sataun, nyaeta supaya teunang dina ngalaksanakeunnana bari HUSYU' tur heunteu matak boseun.

Sareung dina sholat eta aya 2 tingkah, nyaeta :
  1. Iqomatis sholah. 
  2. Ngayakeun sholat. 
Ari anu dimaksud ku Iqomatis sholah, nyaeta ngaraksa kana patokannana dibareungan kalawan adab-adabannana. Ari anu dimaksud ku Ngayakeun sholat nyaeta ngayakeun tingkah sholat anu sakadar jigana keur sholat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar