Cari Blog Ini

Bubuka

Bubuka

Maka ari ieu eta kitab bahasa sunda anu mangrupikeun peunjeulasan kitab Hikam anu dikarang ku Imam (Al-Muhaqqiq Al-‘Arif billah Abil-Fadlli Ahmad bin Muhammad bin Abdul-Karim Atho-illah As-sakandiri). Tah dina ieu kitab Mushonnif bade ngamukakeun atanapi bade nyodorkeun kana pirang-pirang hikmah, teugeusna susunan bahasa anu beurguna, anu meurtelakeun kana pirang-pirang adab-adaban sareung akhlak anu teurpuji, anu ngajadikeun kasalameutan di dunya sareung di akhirat, tur jadi jalan kana kengengngna kamulyaan pangkat anu luhur di dunya sareung di akherat. Maka sing saha jalma anu padameulannana sareung cariosannana anu akur sareung eusina ieu kitab. Maka eta jalma diseubut Hukama.

"Anu akur antara cariosannana sareung padamelannana, tingkahna mawa seumangeut tur ngajugjug kana nyakeutkeun diri ka Gusti Alloh, atawa kana taqwa ka Gusti Alloh".

Maka sateuacana prak, peuryogi uninga heula yen patokannana sareung Mabdena ieu kitab:
  • Ari patokannana elmu tashowwuf, nyaeta hiji elmu anu nga-uningakeun kana pirang-pirang tingkahna nafsu sareung sipatannana anu teurpuji sareung anu dicacad. 
  • Ari sasarannana elmu tashowwuf, nyaeta nafsu tina jihat sok kasumpingan pirang-pirang sipat sareung tingkah anu dipuji sareung anu dicacad. 
  • Ari buahna elmu tashowwuf, nyaeta tiasa dugi kana ngabeursihkeun hate tina kokotor sareung pangaco, tur tiasa mapaesan hate kalawan musyahadah ka dzat Gusti Alloh. 
  • Ari hukumna ngaos elmu tashowwuf, nyaeta fardlu ‘ain ka saban-saban jalma anu mukallaf, sakumaha elmu fiqih eta diwajibkeun pikeun nyalameutkeun dhohir, nyakitu deui diwajibkeun ngaos elmu tashowwuf pikeun nyalameutkeun batin, margi moal aya hiji jalmi anu kosong tina aib sareung awonna hate (Ari sanes pirang-pirang nabi mah). 
  • Ari panyandakannana elmu Tashowwuf, nyaeta tina alQur’an sareung Sunah Rosululloh, sareung tina pirang-pirang ilhamna jalmi-jalmi anu sholeh sareung teurbukana ahli ma’rifat. 
  • Ari namina, nyaeta anu diseubat Elmu Tashowwuf. 
  • Ari anu ngayakeun elmu tashowwuf, nyaeta kangjeung Nabi Saw, kalawan peurjalanan wahyu sareung ilham, salajeungna dibukukeun sareung dijeulaskeun ku pirang-pirang ahli ma’rifat. 
  • Ari kautamaannana elmu tashowwuf, nyaeta tiasa ngungkulan kana saban-saban elmu, sabab ningal kana kapeuntingannana, 
  • Ari hubungannana elmu tashowwuf teurhadap batin, nyaeta sapeurtos hubungannana elmu fiqih teurhadap dhohir 
Ngadawuhkeun Imam Abi Hasan asySyadzili, "Sing saha jalma anu heunteu anclub kana elmu tashowwuf, maka bakal maot bari nyicingan dina dosa geude, bari dirina heunteu apaleun".