Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 14

Juz' 1 Hal 11 Jajaran 14 Al a'malu.....

"Ari pirang-pirang amal ~ eta ibarat jiwa-raga manusa ~ anu ngajungkeureung ~ seudeungkeun ari arwahna amal, eta ~ wujudna leuleumeusan ikhlas ~ dina eta amal".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun peuntingna amal dibareungan kalawan ikhlas, sahingga dibasakeun yen saeunyana amal anu heunteu dibareungan kalawan ikhlas eta saperti jiwa-raga manusa anu heunteu aya Ruh-an. Sareung ari ikhlas Abdina Gusti Alloh dina pirang-pirang amal, eta nurutkeun sakumaha pangkatna. Maka pikeun golongan Abror, maka puncak kaikhlasannana eta salameutna amal tina riya anu Jalli sareung anu Khofi. Maka amalna ieu jalma Abror estuning karna Alloh, karna butuh kana anu dijangjikeun ku Gusti Alloh ka jalma anu Mukhlishin, sareung karna sieun disiksa. Seudeungkeun ari ikhlas golongan Muqorrobin eta puncakna kaikhlasannana ibadahna karna Alloh, karna ngalaksanakeun parentahannana sareung ngalaksakeun tugas salaku Abdina Alloh. Jadi heuteu aya panghareupan naon-naon hatena dipake ngabandungan kana taqdirna Gusti Alloh anu keuna kana dirina. Tah ieu ikhlas kacida nangtukeunnana kana tingkahna ganjaran, sok sanajan amal saeutik, dibareungan kalawan ikhlas anu luhur, ieu ngajadikeun kana ganjaran anu heunteu tiasa ka-itung sareung heunteu tiasa ka-ukur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar