Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 76 Jajaran 06

Juz' 1 Hal 76 Jajaran 06 Anarodh

Parantos nyaangan Gusti Alloh ~ kana pirang-pirang dhohirna ka-ayaan ~ kalawan pirang-pirang cahaya tapak dadameulan Gusti Alloh ~ Sareung parantos nyaangan Gusti Alloh ~ kalawan pirang-pirang cahaya pirang-pirang sipatna Gusti Alloh ~ karna kusabab kitu (anu tadi dicaritakeun tea teugeusna ANA DHOWAHIR ileh) ~ eta sok surup, naon ~ pirang-pirang cahaya dhohir ~ tur tara surup, naon ~ pirang-pirang cahaya pirang-pirang ati ~ sareung pirang-pirang rahasiah ~ sareung kusabab kitu (anu tadi dicaritakeun tea teugeusna AFALAT ANWARUDH DHOWAHIR ileh) ~ eta sok dibasakeun ~ yen saeunyana panon-poe ti beurang ~ eta sok surup ~ kalawan waktu peuting ~ sareung ari srangenge pirang-pirang ati ~ eta heunteu, naon ~ anu surup.

Hikmah 
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana surupna cahaya dhohir, sareung ngagateungna cahaya batin. Nyaeta ari dadameulan Gusti Alloh sapeurti bumi sareung langit sareung sarupaning tatangkalan eta dicahayaan ku Gusti Alloh, teugeusna digindingan kalawan tapak dadameulan Gusti Alloh keneh, sapeurti ngagindingannana langit kalawan bintang, bulan sareung panon-poe, atawa ngagindingan bumi kalawan pirang-pirang keukeumbangan, bubuahan sareung pirang-pirang peupeulakan. Maka ku-ayana eta pirang-pirang ka-ayaan dunya digindingan kalawan kagindingan dun-ya deui, eta kagindingannana sareung cahayana sok surup sareung sok leungit. Atawa di manusa jiwa-raga digindingan ku Gusti Alloh kalawan panon sarta paningalina, sareung ceupil sarta danguna, sareung irung sarta angseuna, sareung panangan sarta keupatna, sareung sampean sarta leungkahna, sareung anu sejenna deui. Tah eta kabehannana ditungtungan ku ruksak sareung leungit. Seudeungkeun ari leuleumeusan anu aya di jiwa-raga manusa eta digindingan kalawan cahayana pirang-pirang sipat kaagungan Gusti Alloh sareung kasampurnaannana, maka cahayana leuleumeusan anu aya dina jiwa sapeurti didatangan elmu sareung kama’ripatan atawa cahaya Iman sareung Islam eta moal aya surupna sareung leungitna, nyaeta cahaya kayakinan anu aya dina hate anu ngabuahkeun kana tambahna beuramal. Maka lamun kuat kayakinannana maka bakal tambah kuat cahayana tur leuwih bangeut rasa ngeunahna ibadah, sahingga neupi kana Musyahadah ka Gusti Alloh, ngan ari jalma anu geus ngarasa ngeunah dina Musyahadah ka Gusti Alloh, maka sok katutupan ngarasa ngeunahna beur-amal.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar