Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 91 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 91 Jajaran 01 Ash Sholatu.....

Ari sholat anu beuneur ~ eta beubeureusih ~ pikeun pirang-pirang hate ~ tina pirang-pirang kokotorna ~ pirang-pirang dosa anu laleutik ~ Sareung peubukana ~ pikeun pirang-pirang lawang peurkara anu goib ~ Sareung ari sholat ~ eta teumpat munajat ~ Sareung jadi teumpat beubeureusih (anu disarupakeun sareung teumpat peupeundeuman emas sareung perak) ~ anu jeumbar ~ dina sholat ~ pirang-pirang lapangan pirang-pirang rahasiah (anu disarupakeun kana lapangan) ~ Sareung moncorong ~ dina eta sholat, naon ~ pirang-pirang sorotan pirang-pirang cahaya.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana kapeuntingannana sholat sareung kana buahna sholat, eta aya 6 rupa, nyaeta: 

1. Nyaeta ngabeursihkeun kana hate tina pirang-pirang dosa sareung ka-aibban, sabab dina eta sholat urang depe-depe tur INKISAR karna Gusti Alloh, sareung ningalikeun hina tur apeus sareung butuhna ka Gusti Alloh. Maka dimana-mana depe-depe hate karna serab ku kaagungan Gusti Alloh, maka beursih hatena tina saban-saban kokotor, didawuhkeun ku kanjeung Nabi eta pagawean sholat bakal ngaleubur kana saban-saban kokotor dosa anu laleutik anu disarupakeun sareung mandi lima kali dina sapoe sapeuting. 
2. Nyaeta bakal ngabukakeun kana lawangna pirang-pirang peurkara anu goib, nyaeta ASROR MALAKUT sareung ASROR JABARUT, nyaeta pirang-pirang peurkara anu sok kapanggihna ku panon hate sareung leuleumeusan anu aya dina jiwa, sabab dina eta sholat aya beubeureusih dhohir sareung anu batin. 
3. Nyaeta sholat jadi teumpat munajat, sareung madeupkeun diri ka Gusti Alloh, nyaeta ku bacaan-bacaan sareung dzikir. 
4. Nyaeta jadi teumpat beubeureusihna Abdi ka pangeran anu disarupakeun kana simpeunan emas, sabab dimana-mana jalma ngalakonan sholat, maka Gusti Alloh sok ngaleungitkeun hijab antara Abdina sareung Manteunna, sahingga madeup ka pangerannana. 
5. Nyaeta ngaleugakeun ASROR, teugeusna beubeureusihna Ruh dina waktu sholat anu disarupakeun kana lapangan. 
6. Nyaeta bakal moncorong dina waktu sholat pirang-pirang pangbijilan cahaya nyaeta pirang-pirang cahaya sipat, teugeusna moncorongna ASROR dzat pikeun ahli FANA' sareung cahayana sipat ahli baqo.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar