Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 72 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 72 Jajaran 01 Rubbama.....

Teurkadang ngabukakeun Gusti Alloh ~ ka anjeun kana lawang toat ~ tapi heunteu ngabukakeun Gusti Alloh ~ ka anjeun kana lawangna panarimaan ~ Sareung teurkadang mastikeun Gusti Alloh ~ ka anjeun ~ kana dosa ~ maka ku aya eta dosa ~ eta jadi sabab dina wushul.

Hikmah
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun kana yen saeunyana jalma anu toat ka Gusti Alloh eta ulah ngarasa ujub ku bisa toat, sareung ulah tatageunan kana bisana toat, sabab teurkadang Gusti Alloh ngabukakeun pikeun anjeun kana lawang toat wungkul, seudeungkeun ari lawang panarimaan eta ditutup. Maka dimana-mana anjeun bisa toat eta kudu ngoreksi kana pirang-pirang timgkah anu ngabatalkeun kana ganjaran toat sareng kudu beuneur-beuneur, sahingga anjeun ngarasa kana buahna toat sapeurti ngarasa reugreugna hate, sareung heunteu aya anu dipikasieun kajaba Gusti Alloh, sapeurti ngalap cukup kalawan paningali Gusti Alloh sareung rido kana pamastina sareung bagiannana.

Sareung deui Maksiat jalma eta ulah ngajadikeun putus asa, sahingga jadi leuwih jauh ti Gusti Alloh, tapi eta pama’siyatan anu geus teurjadi ku anjeun kudu dijadikeun jalan Wushul ka Gusti Alloh, sabab teurkadang Gusti Alloh ngeursakeun dosa tuluy eta dosa jadi sabab kana Wushul anjeun ka Gusti Alloh. Sareung ari hadits anu nuduhkeun kana ayana toat bari heunteu aya ganjarannana, nyaeta sakumaha dawuhan kanjeun Nabi:
Mang pirang-pirang jalma anu puasa heunteu aya bagiannana ladang puasana kajaba lapar sareung dahaga, sareung mang pirang-pirang jalma anu hudang ti peuting ngageduk sholat tapi heunteu aya bagiannana kajaba ngansa-ukur hudang.

Maka kusabab kitu urang ulah ujub sareung tatageunan kana amal.

Sareung ari hadits anu nuduhkeun kana maksiat anu ngajadikeun Wushul nyaeta dawuhan kanjeun Nabi:
Hartosna: Mang pirang-pirang dosa anu ngajadikeun asup ka surga – tuluy para Sohabat naros – Kumaha Gusti kajadiannana – ngadawuh kanjeung Nabi – eta jalma anu beurdosa heunteu eureun-eureun tobat sareung ngajauhan tina eta dosa neupi ka maot, tuluy di-asupkeun ku Gusti Alloh ka surga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar